Tampilkan postingan dengan label Bahasa Sunda. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Bahasa Sunda. Tampilkan semua postingan

Minggu, 29 Januari 2012

Nilai ulangan Harian 1 B.Sunda(XTKJ2,XTKJ3,XTKJ4,XTKJ5

Bahasa Sunda
X TKJ 2
No. NIS Nama Nilai
1 111210042 Aditya Pratama 30.00
2 111210043 Affandi yusuf 40.00
3 111210044 Ahmad Gusniar 60.00
4 111210045 andi saputra 60.00
5 111210047 Andre Aditama 60.00
6 111210048 Anton ramdani 30.00
7 111210049 burhanuddin robani muslim 20.00
8 111210050 Destisa putri oktaviani 40.00
9 111210052 Dinia ade lina 30.00
10 111210053 Donny Abdul Rozaq 70.00
11 111210054 Fahmi fadli 30.00
12 111210059 FERRY HIDAYAT 40.00
13 111210060 hary rushman putera 50.00
14 111210065 lista yuliana pratiwi 50.00
15 111210067 Moch.adam.darmawan 40.00
16 111210068 Muchammad Rolibi 40.00
17 111210070 Muhamad Rouf Al Assyari 80.00
18 111210071 Muhammad Nur Irfan 10.00
19 111210072 nurhayati 20.00
20 111210073 nurul fathonah 50.00
21 111210074 Ria fitriana 30.00
22 111210075 rifki gunadi 40.00
23 111210077 VIRDA RAHELDA 20.00
24 111210080 Wahyudin 60.00
25 111210081 Yulia Saputri 30.00


Bahasa Sunda
X TKJ 3
No. NIS Nama Nilai
1 101110188 Muhammad Irfan 20.00
2 111210083 abdul hafiz 20.00
3 111210085 ADITYA DWI SAPUTRA 20.00
4 111210086 afif elmer farandy 10.00
5 111210087 ali imron gani 20.00
6 111210088 anjas priya pratama 30.00
7 111210089 Arif Cipta Virgiawan 20.00
8 111210091 Desi murjiastuti 30.00
9 111210093 dini yanti 40.00
10 111210097 Febri Fitriana 50.00
11 111210098 gianno insan kamil 20.00
12 111210099 h. e. deska feby uji anta 20.00
13 111210100 Handry Saputro 30.00
14 111210101 Hariawan Nur Fajri 0.00
15 111210103 ilham fagih ridho 40.00
16 111210104 lambang dian kuncoro 40.00
17 111210105 M.irvan ardiansyah 50.00
18 111210106 muhammad.fauzi 20.00
19 111210108 Mustika Yudhiani 50.00
20 111210109 naufal jusuf abyan al-idrus 50.00
21 111210110 nurul chasanah 30.00
22 111210111 octo bagas wicaksono 50.00
23 111210112 Pancha Ramadanz 30.00
24 111210114 Rachmat Yohandi 70.00
25 111210116 Rizki Karuniadi 70.00
26 111210117 Susi Endang Suryadi 10.00
27 111210118 TEGUH TRI HARTANTO 10.00
28 111210119 WISNU BAYU SETIAJI 30.00
29 111210121 yustanto setyawan 10.00
Bahasa Sunda
X TKJ 4
No. NIS Nama Nilai
1 111210122 ade hardiyanto 10.00
2 111210123 Ade Maryani  40.00
3 111210124 aep apriatman 30.00
4 111210125 Ahmad Fauzi 20.00
5 111210126 andhika dewantara 30.00
6 111210129 anisa 40.00
7 111210130 arief miftahudin 10.00
8 111210131 chandra setiawan 20.00
9 111210132 Dahana Pamungkas 30.00
10 111210134 drian yuli wardana 40.00
11 111210135 Dwi Wardiansyah 20.00
12 111210137 findi aprillia 30.00
13 111210138 forde manto hutapea 30.00
14 111210139 hadi saputra 30.00
15 111210140 Halim Maryanto 80.00
16 111210142 hendra hermawan 20.00
17 111210143 Isty Meildayanti  30.00
18 111210144 kocko agung kurniawan 10.00
19 111210146 listian hermanto 30.00
20 111210147 muhamad hendy sahputra 50.00
21 111210149 mohamad ihsan 20.00
22 111210150 Munandar Hapidin 30.00
23 111210151 Naufal Anis Ramadhan 70.00
24 111210152 Nur Rohman 10.00
25 111210153 pangestu agung pamungkas 20.00
26 111210154 Reihan Diawan 40.00
27 111210155 Rica Yusanti  70.00
28 111210156 Rifqah Raihanah  50.00
29 111210157 risnaeni 20.00
30 111210159 Ryan Vikry 60.00
Bahasa Sunda
X TKJ 5
No. NIS Nama Nilai
1 111210046 Andi Saputro 50.00
2 111210163 Aditya Rahmadi 0.00
3 111210164 Aditya Ramadhan 10.00
4 111210166 Anjar Riana 30.00
5 111210167 ARDENAS AZZAHRA 30.00
6 111210168 Danang Dwiki Cahyadi 10.00
7 111210169 Dewi Jayanti 40.00
8 111210171 Estherlita Nadine Wattimena 50.00
9 111210175 Feby Elisa 50.00
10 111210176 Fikri khoirul azhari 50.00
11 111210177 Herdian Abdillah 80.00
12 111210180 KIKI ALFIANSYAH 20.00
13 111210183 maulana bagus rhifaldi 20.00
14 111210186 Muhammad Fathur Rahman 70.00
15 111210189 Nisa Puspaningtyas 40.00
16 111210190 Obi NurSodik 40.00
17 111210194 Ridwan Firdaus 20.00
18 111210196 SUHADI KARNO 60.00
19 111210197 Syarifah 50.00
20 111210199 Wahib Kasbi Assi Diki 10.00
21 111210201 Yusuf Pribadi Yudatama 50.00
»»  READMORE... Selengkapnya...

Nilai ulangan Harian 1 B.Sunda(XMM1,XMM2,XMM3,XTKJ1

Bahasa Sunda
X MM 1
No. NIS Nama Nilai
1 111210202 Abdul rahman wahid 50.00
2 111210203 Alfiqri Mawaddah Adi Nugraha 30.00
3 111210204 Annisa Rahuni 20.00
4 111210206 Ary Haryanto 30.00
5 111210208 cendana arum lestari 30.00
6 111210209 Dwi wibowo 10.00
7 111210210 endah ayu villiyanti 10.00
8 111210211 Fadhlon Ayudya Puspita 40.00
9 111210213 Fahru Rozi 20.00
10 111210214 Fuji anisa fatmala 30.00
11 111210216 indra arianto 40.00
12 111210217 Iqbal Rizki Elyazar 30.00
13 111210218 ira isdawati 70.00
14 111210219 isnaincy kusuma hany 40.00
15 111210220 Jasmin Chairani Camilla 50.00
16 111210221 kurnia widi kosasih 60.00
17 111210223 Linda setyowati 50.00
18 111210225 MIRA CITRA LESTARI 40.00
19 111210226 MOHAMAD FIKRI 40.00
20 111210227 NINDI ADHISTY HIDAYAT 20.00
21 111210230 Prasuda Mega Tana 60.00
22 111210232 Rifa Khairunnisa 10.00
23 111210233 Rifqi Arifiansyah 30.00
24 111210234 RIZKI HATININGASIH 60.00
25 111210235 siti aisyah 20.00
26 111210236 sri nurhayati 50.00
27 111210237 TEGAR MUHAMAD SIDDIQ 90.00
28 111210238 yogi dwi kurniawan 10.00
29 111210239 Yolanda Silvani 30.00
30 111210240 YULIYANA SARI 60.00


Bahasa Sunda
X MM 2
No. NIS Nama Nilai
1 111210241 ahmad fauzi 50.00
2 111210243 annisa 30.00
3 111210248 brian ariandito 80.00
4 111210253 kasandra fitriani nurjanah 60.00
5 111210254 kenedi pardede 10.00
6 111210255 Kezia Gabriela G. 40.00
7 111210256 lintang annisa 20.00
8 111210257 Lusiana Simanjuntak  70.00
9 111210258 Maya Nirwana 40.00
10 111210259 meidiana dwi aulia 40.00
11 111210261 Muhammad Irfan Setiawan 30.00
12 111210263 M.Pratama Ahdi Riyadi  40.00
13 111210264 muhammad danny waskito 20.00
14 111210266 Nurul Uswatun H. 0.00
15 111210268 restu aulia fatwa 20.00
16 111210270 Reza Zamzami Mubarak 40.00
17 111210271 rizki pradana putra 20.00
18 111210273 Salman Farisy 70.00
19 111210276 Sonia Mia putri 20.00
20 111210278 Utami Citra Devi 20.00
21 111210279 verra megaria 30.00

Bahasa Sunda
X MM 3
No. NIS Nama Nilai
1 111210280 Adhela Kharisma Sari 30.00
2 111210281 aditya risyafnur 30.00
3 111210283 Angie 50.00
4 111210283 Angie 60.00
5 111210285 assyifa ramadhania fachyuriani 50.00
6 111210287 Bajora 70.00
7 111210290 Dian Puji Lestari 80.00
8 111210291 Dimas Susilo Hariyadi 30.00
9 111210292 Fahmi indrajaya 0.00
10 111210293 Farid saputra 40.00
11 111210297 ilham ramadhan 50.00
12 111210298 indriani 70.00
13 111210299 Intishara Asya 50.00
14 111210300 ismi dwi shapna 50.00
15 111210301 Linda Faras Suci Yanti 30.00
16 111210304 muhammad anza bahrunsyah 30.00
17 111210306 muthiatul wardha 20.00
18 111210314 rofih hidayani 60.00
19 111210316 santi rahayu 30.00

Bahasa Sunda
X TKJ 1
No. NIS Nama Nilai
1 111210001 ade setiadi putra 40.00
2 111210003 aminah 70.00
3 111210007 ayu retno pertiwi 20.00
4 111210008 berliana lovita 50.00
5 111210009 desi rizqi 20.00
6 111210010 Dhean Vikar Haikal 30.00
7 111210011 Dimas Nori Prakoso 30.00
8 111210013 Doni Rinaldy 50.00
9 111210015 Dwi Wijayanti 50.00
10 111210016 eko sanjaya 30.00
11 111210020 HILBERT ADRYAN MANTIRI 20.00
12 111210021 Ikhsan Prasetyo 30.00
13 111210023 Lili Laelatul Marzuqoh 80.00
14 111210024 luthfi adam b 40.00
15 111210025 m. reyhan hamami 50.00
16 111210026 Mohamad Agus Salim 60.00
17 111210027 Muhammad Edrea Rizkyanda 30.00
18 111210030 novdwini saraswati 50.00
19 111210031 Nur Komala Dewi 50.00
20 111210032 Oki Saputra 30.00
21 111210033 Poborsky Marbun 50.00
22 111210036 Rinaldy Dadan Wardhana 40.00
23 111210039 sirin mazaya rochmah shahab 70.00
24 111210040 teguh dwi waluyo 30.00
»»  READMORE... Selengkapnya...

Selasa, 17 Januari 2012

Bahasa Sunda Semester Genap

STANDAR KOMPETENSI         :
10.3   Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana tulis yang berupa sejarah lokal/babad,puisi,novel dan berita, surat   kabar/majalah/media elektronik

KOMPETENSI DASAR  :
10.3.1  Membaca sejarah lokal/babad

 INDIKATOR                             :
·            Dapat memahami isi wacana atau cerita dengan rasa ingin tahu
·            Dapat memahami kedudukan dan peranan tokoh dengan jujur
·            Dapat memahami hubungan kausalitas antara peristiwa kesejarahan dengan cinta tanah air
·            Dapat memahami pertautan antar tokoh, peristiwa dengan wilayah setempat dengan peduli Lingkungan
·            Dapat menyimpulkan isi teks (peristiwa sejarah) dengan kreatif
·            Dapat menanggapi aspek-aspek sejarah lokal/babad dengan semangat kebangsaan

Alokasi Waktu             :
 6 x 40 Menit

Materi :
SAJARAH KOTA DÉPOK

            Asalna Dépok téh mangrupa hiji dusun nu ayana di tengah-tengah leuweung. Dina tanggal 18 Mei 1696 salah-saurang pajabat VOC, Cornélis Chastelein, meuli tanah daérah Dépok jeung saeutik wilayah Jakarta Selatan, Ratujaya jeung Bojong Gedé. Chastelein ngagawékeun kurang-leuwih saratus pagawé. Maranéhna didatangkeun ti Bali, Makasar, Nusa Tenggara Timur, Maluku, Jawa, Pulau Roté jeung Filipina.
            Salian ngokolakeun perkebunan, Cornélis ogé nyebarkeun agama Kristen ka para pagawéna, ngaliwatan Padépokan Kristiani. Padépokanna di béré ngaran De Eerste Protéstante Organisatié Van Christenen, disingkat DÉPOC/DÉPOK. Ti harita éta tempat téh di sebut Dépok.
            Tahun 1871 Pamaréntah Walanda méré ijin daérah Dépok ngawangun Pamaréntahan jeung Présidén satingkat Gemeente (Désa Otonom). Gameente Dépok diparéntah ku hiji Présidén salaku pamaréntah pangluhurna, anu kakuasaanna ngalingkup sababaraha kacamatan. Daérah kakuasaan Dépok kurang leuwih 1.244 Ha, tapi dihapus dina taun 1952 ngaliwatan perjanjian antara Pamaréntah RI jeung pimpinan Gameente Dépok.
            Ti mimiti perjanjian tadi, pamaréntahan Dépok jadi kacamatan nu mangrupa bagian Kawedanaan (Pembantu Bupati) wilayah Parung, nu dijerona aya 21 Désa. Taun 1976 ngaliwatan proyék Perumahan Nasional di éra Orde Baru, diwangun Perumnas Dépok I jeung Perumnas Dépok II. Di taun 1981 Pamaréntah ngawangun kota Administratif Dépok nu diresmikeun tanggal 18 Maret 1982 ku Menteri Dalam Negeri  (H. Amir Machmud).
            Ti mimiti taun 1999, UU nomor 15 Taun 1999 Ngeunaan “Pembentukan Kotamadya Daerah Tingkat II Depok dan Kotamadya Daérah Tingkat II Cilegon”, status Dépok ningkat jadi Kotamadya atawa Kota. Numutkeun Undang-Undang tadi, wilayah Kotamadya Dépok legana 20,504,54 Ha, nu mayungan genep kacamatan : Kacamatan Béji, Kacamatan Sukmajaya, Kacamatan Pancoran Mas, Kacamatan Limo, Kacamatan Cimanggis, jeung Kacamatan Sawangan.

Kamus Alit:

Leuweung         : Hutan
Saeutik              : sedikit
Pagawé             : pekerja
Ngokolakeun     : mengelola
Ngaliwatan        : melalui
Ngalingkup        : mencakup
Kurang-leuwih   : kurang lebih
Maranéhna        : mereka
Mimiti                : mulai
Mangrupa          : merupakan

Maham Istilah Géografi                      

            Kecap-kecap di handap mangrupa kecap nu aya patalina jeung géografi, misalna waé nu aya di gunung, aya istilah géografina saperti:
-       Kawah nya éta daérah nu ngalegok di tengah-tengah gunung biasana aya laharan
-       Mumunggang nya éta daérah nu rada luhur ti tempat saméméhna
-       Tutugan nya éta daérah nu turun atawa handapeun daérah saméméhna
-       Lamping nya éta daérah nu pernahna sisi gunung,  jrrd.

Istilah géografi nu aya patalina jeung cai, misalna:
-       Walungan nya éta walungan (sungai besar) anu gedé
-       Sungapan nya éta tempat kokocoran cai (mata air)
-       Wahangan, nya éta walungan (sungai) nu gedéna sahandapeun walungan
-       Situ, nya éta tempat cai ngembeng di daratan nu rada gedé jadi sacara alami
-       Balong, nya éta cai ngembeng di darat nu dihaja dijieun pikeun dipelakan lauk
-       Kulah,  nya éta tempat nendeun cai pikeun mandi atawa beberesih
-       Basisir nya éta sisi laut
-       Laut, nya éta tempat ngumpulna cai anu lega pisan (lautan). jrrd.

Memahami Istilah Géografi

            Kata - kata dibawah merupakan kata yang ada hubungannya dengan geografi, misalnya yang ada digunung, seperti:
-       Kawah adalah daerah yang ada ditengah- tengah gunung yang agak di dalam yang didalamnya biasanya ada laharnya
-       Mumunggang yaitu daerah yang agak tinggi di gunung dari tempat sebelumnya
-       Sungapan yaitu tempat keluarnya air (mata air)
-       Situ yaitu tempat air berkumpul di darat agak luas ada secara alami
-       Balong yaitu tempat berkumpulnya air di darat sengaja dibikin untuk menanam ikan
-       Kulah yaitu tempat menyimpan air untuk mandi atau kebutuhan rumah tangga lainnya
-       Basisir yaitu pinggir laut atau pantai,
-       Laut, tempat bermuaranya air dari daratan yang luas terbentuk secara alami, dsb



KAGIATAN DIAJAR
Diajar 1 (Individu): Maham EusiCarita Babad

            Jawab sakur pananya di handap ieu!
1.         Naon téma babad di luhur?
            ................................................................................................................................................
2.         Kumaha asal-usul Kota Dépok téh?
            ................................................................................................................................................
3.         Naon hubunganana antara Cornélis Chastéléin jeung Kota Dépok?
            ................................................................................................................................................
4.         Iraha Dépok jadi Kotamadya’?
            ................................................................................................................................................
5.         Aya sabaraha mimitina jumlah kecamatan nu aya di Dépok?
            ................................................................................................................................................
           

Diajar 2 (Individu): Néangan Harti Istilah Géografi jeung Ngalarapkeun kana kalimah

Tengetan conto di handap!

walungan          :  wahangan gedé
Kalimahna         :  Ku lantaran hujan terus-terusan Walungan Citarum
                           téh banjir meni léb-léban

Pigawé saperti conto di luhur!

1.     muara
Hartina        : ..................................................................................................................................

Kalimahna   : ..................................................................................................................................

2.     wewengkon
Hartina        : ..................................................................................................................................

Kalimahna   : ..................................................................................................................................

3.     nusa
Hartina        : ..................................................................................................................................

Kalimahna   : ..................................................................................................................................

4.     situ
Hartina        : ..................................................................................................................................

Kalimahna   : ..................................................................................................................................

5.     basisir
Hartina        : ..................................................................................................................................

Kalimahna   : ..................................................................................................................................



LATIHAN ULANGAN MODUL 1

Béré tanda cakra (x) kana jawaban anu dianggap bener!

            Asalna Dépok téh mangrupa hiji dusun nu ayana di tengah-tengah leuweung. Dina tanggal 18 Mei 1696 salah-saurang pajabat VOC, Cornélis Chastelein, meuli tanah daérah Dépok jeung saeutik wilayah Jakarta Selatan, Ratujaya jeung Bojong Gedé. Chastelein ngagawékeun kurang-leuwih saratus pagawé. Maranéhna didatangkeun ti Bali, Makasar, Nusa Tenggara Timur, Maluku, Jawa, Pulau Roté jeung Filipina.

1.      Nurutkeun paragraf di luhur, kota Dépok asalna hiji dusun ditengah.....


  1. Pilemburan
  2. Pakampungan
  3. Leuweung
  4. Perkebunan


2.     Ceuk wacana di luhur baheula mah Kota Dépok téh bagian ti Kawedanaan .....


  1. Jakarta
  2. Bogor
  3. Parung
  4. Cibinong


3.     Babad téh carita nu ngandung ajén...


  1. Sajarah
  2. Agama
  3. sosial budaya
  4. adat istiadat


4.     “Iraha badé ka dayeuh?” Dayeuh hartina ....


a.     kampung
b.     wewengkon
c.     Kota
d.     Daérah


5.     Padumukan jalma di luar kota anu diwangun ku sawatara imah, disebutna...


a.     kota
b.     lembur
c.     kabupatén
d.     kotamadya


6.     Nu ngurus jeung ngolah kampung disebutna ...


a.     Punduh
b.     Camat
c.     Walikota
d.     Bupati


7.     “Karuhun urang mah nyekel pageuh adat istiadatna”. Karuhun hartina ....


a.     jalma nu ngarundaykeun urang
b.     kolot-kolot urang
c.     tokoh agama
d.     tokohmasarakat


8.     “Padumukan Yuda mah di Cimandala”. Padumukan hartina ....


a.     wewengkon
b.     daérah
c.     tempat cicing
d.     tempatkalahiran


9.     “Imah kuring mah jauh pisan ayana di pasir Kuda”.  Pasir hartina ....


  1. kampung
  2. daérah
  3. gunung leutik
  4. gugunungan


10.   “Daérah Cisarua mah ayana di suku gunung, atuh hawana téh kacida ...


a.     Bayeungyang
b.     Tiris
c.     Morérét
d.     panas


11.  “Lamun piknik ka punclut kuring ajakan, nya!” Punclut hartina, iwal ...


a.     mumunggang
b.     puncak
c.     Sisi
d.     Bagian nu pangluhurna


12.  “Imah Mang Suhadma mah ayana di lamping gunung”. Lamping hartina ...


a.     tonggong gunung
b.     suku gunung
c.     puncak gunung
d.     sisi gunung




13.  “Cai téh kotor ti sungapanana kénéh”. Sungapan téh hartina ...


a.     tempatna ngocorna cai ti laut
b.     tempat ngocorna cai ti walungan
c.     tempat ngocorna cai ti sawah
d.     tempat ngocorna cai ti solokan


14.  “Tatar Priangan mah kaasup daérah nu subur ma’mur”. Tatar téh hartina ....


a.     Wewengkon
b.     Kawilayahan
c.     Wilayah
d.     Lingkungan


15.  “Walungan Ciliwung téh kiwari mah caina meni kotor kacida....” Walungan téh hartina ....


a.     Dano
b.     Leuwi
c.     Basisir
d.     wahangan gedé


16.  “Kamalir téh cai meumbleu, sabab loba runtah”. Kamalir hartina ...


a.     Susukan
b.     Walungan
c.     Balong
d.     Kotakan


17.  Tanah daratan nu kakurilingan ku cai atawa laut, disebut ...


a.     Muara
b.     pulow
c.     sungapan
d.     situ


18.  “Mang Sabri keur ngangon munding di tegalan”. Tegalan hartina ....


a.     tanah nu pinuh ku rerembetan jeung pinuh ku jujukutan
b.     tanah nu pinuh ku kakayon, poék tapi loba jukutan
c.     sampalan nu rata sarta pinuh ku jujukutan
d.     tanah garapan sabangsa pasawahan nu pinuh ku jujukutan


19.  “Kuring melak lauk di kulah”. Kulah hartina ....


a.     balong gedé
b.     balong leutik
c.     situ
d.     émpang



20.  “Iraha nya kuring bisa piknik ka dano Toba di Sumatera?” Dano hartina ...


a.     Situ
b.     talaga nu jadi sorangan
c.     muara
d.     wahangan
























Rounded Rectangle: MODUL 2          




STANDAR KOMPETENSI         :
10.3   Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana tulis yang berupa sejarah lokal/babad,puisi,novel dan berita, surat   kabar/majalah/media elektronik

KOMPETENSI DASAR  :
10.3.2  Membaca apresiasi puisi

 INDIKATOR                             :
·         Dapat membaca puisi dengan lafal, tekanan, intonasi dan penjiwaan isi yang tepat secara disiplin
·         Dapat membaca puisi dengan penampilan dan improvisasi yang baik dengan kreatif
·         Dapat menerangkan teknik pembacaannya dengan kerja keras
·         Dapat memperbaiki pembacaan puisi secara jujur

Alokasi Waktu             :
4 x 40 Menit

Materi :

Baca sajak ieu di handap!

TANAH SUNDA ‘78
(Hikmat Sadkar)

Kawih tingtrim nu kamari
Suling jeung jentréng kacapi
Galindeng bujang jeung lanjang
Kiwari geus ilang musna
Geus sirna tilem ku mangsa

Guruminda jeung Sangkuriang geus jauh ti kacapangan
Pohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

Ahéng kénéh dongéng sabrang
Datang ti peuntas lautan

Deudeuh tanah gumelar
Ti taun ka taun kalantar

Kamus Alit
Dina sajak di luhur aya kekecapan nu dianggap hésé. Pék tengetan, tuluy apalkeun!

Tingtrim                      : tenang                                    Pohadi             : dewa-dewi
Kamari                                    : kemarin                                  widadari          : bidadari
Jentréng                      : suara petikan (kecapi)              bari                  : sudah lama (tidak asyik lagi)
Galindeng                    : nyanyian                                 ahéng              : menarik/luar biasa
Tilem                           : hilang                                     sabrang           : sebrang ( peuntas)
Sirna                            : hilang                                     deudeuh          : kasihan
Kacapangan                : pembicaraan                           gumelar           : tempat lahir
Maham Harti Dénotatif jeung Konotatif

Harti dénotatif atawa harti sabenerna nya éta harti anu  langsung nuduhkeun barangna atawa ma’na nu luyu jeung ma’na nu aya dina kamus. Contona: “Buukna hideung meles”. Kecap hideung dina éta kalimah nya éta nuduhkeun warna nu sabenerna.
Harti konotatif atawa harti injeuman nya éta harti nu teu sabenerna atawa teu langsung nuduhkeun barangna.  Contona,  dina kalimah “Manéhna geus dicap hideung”. Kecap hideung dina éta kalimah ngandung harti goréng (kalakuanana) atawa ngandung harti injeuman. Ilikan conto kalimah nu ngandung harti dénotatif jeung konotatif ieu di handap!
Conto    : - Manéhna keur neuteup béntang.
  - Manéhna béntang lapang Pérsib.
              - Néng Muslimah nuju metik kembang.
  - Néng Muslimah jadi kembang carita di kampung éta.

Arti denotatif atau arti sebenarnya yaitu arti yang langsung menunjukan barang yang dimaksud atau arti yang sesuai dengan makna yang ada di kamus. Contonya “Buukna hideung meles”/ Rambutnya hitam lekat.  Kata hitam pada kalimat diatas menunjukan arti warna yang sebenarnya.
Arti konotatif atau arti pinjaman yaitu arti yang tidak sebenarnya atau tidak langsung menunjukan ke barangnya. Contonya “Manehna geus dicap hideung”/ Dia sudah dicap hitam. Kata di cap hitam pada kalimat tadi mengandung arti jelek kelakuan. Perhatikan contoh-contoh kalimat yang mengandung arti denotatif dan konotatif dibawah ini!
Conto    :
-       Manehna keur neuteup bentang
(Dia sedang menatap bintang)
-       Manehna bentang lapang Persib
(dia bintang Lapangan Persib.


-       Neng Muslimah nuju metik kembang
(Neng Muslimah sedang memetik bunga)
-       Neng Muslimah jadi kembang carita di kampung eta.
Neng Muslimah menjadi gadis paling cantik di kampong itu.

Mikaweruh Sajak

            Sajak téh salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu (pati) ka uger ku patokan wangunna. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas. Bebas di dieu tangtuna ge relatif. Umpama dibandingkeun jeung guguritan, pupuh jeung pantun, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak teu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, teu kauger ku jumlah engang atawa sora vokal ahir dina padalisan. Upama dibandingkeun jeung sisindiran jelas sajak teu kauger ku cangkang atawa eusi. Naha sajak kaasup puisi atuh upama bebas mah?.
Sajak kauger ku diksi (pilihan kecap) jeung wirahma nu matak teu disebut wangun lancaran (prosa). Wirahma mangrupa ciri utama anu ngabedakeun wangun ugeran (puisi) jeung wangun lancaran (prosa). Dina sajak wirahma karasa nonjol jadi sajak mangrupa bagian tina wangun ugeran,.
            Kumpulan sajak nu pernah dibukukeun di antarana waé: Lalaki di Tegalpati (Sayudi, 1963), Ombak Laut Kidul (Rahmat M. Sas. Karana, 1966), Janté Arkidam (Ajip Rosidi, 1967), jrrd.
           
            Sajak merupakan salah-satu bentuk puisi yang tidak terlalu terikat oleh aturan. Oleh sebab itu, pada awal kemunculannya disebut sajak bebas. Bebas disini tentunya juga relatif. Kalau dibandingkan dengan guguritan, pupuh dan pantun jelas sajak lebih bebas, sebab tidak terikat oleh jumlah baris dalam setiap paragrafnya, tidak terikat jumlah suku kata atau suara vokal akhir tiap baris (rima). Kalau dibandingkan dengan sisindiran jelas sajak tidak terikat oleh kalimat sampiran (kulit) dan kalimat isi. Mengapa sajak termasuk puisi kalau seandainya bebas?.
            Sajak terikat oleh diksi (pilihan kata) dan intonasi dalam membacanya (wirahma)  makanya tidak termasuk ke dalam prosa. Intonasi dalam membaca merupakan ciri utama yang membedakan puisi dan prosa. Dalam sajak intonasi dalam membaca terasa menonjol sehingga sajak merupakan bagian dari puisi.
            Kumpulan sajak yang pernah dibukukan diantaranya: Lalaki di Tegal Pati (Sayudi, 1963). Ombak Laut Kidul (Rahmat M. Sas. Karana, 1966), Jante Arkidam (Ajip Rosidi, 1967), dll.

KAGIATAN DIAJAR
DIAJAR 1 Sangkan leuwih paham kana eusi sajak di luhur pék jawab pananya di handap ieu!

1.         Kumaha rasa pangarang nepi ka manéhna nyieun sajak “Tanah Sunda ‘78”?
            .......................................................................................................................................
2.         Naha carita Guruminda jeung Sangkuriang geus jauh ti kacapangan?
            .......................................................................................................................................
3.         Naon téma sajak “Tanah Sunda ‘78” diluhur téh?
            ......................................................................................................................................
4.         Naon maksud tina ungkara “Deudeuh tanah gumelar ti taun ka taun kalantar”?
            .....................................................................................................................................
5.         Kumaha cenah kaayaan tanah sunda numutkeun sajak diluhur?
            ......................................................................................................................................

DIAJAR 2 (Individu): Ngalarapkeun Harti Dénotatif jeung Harti Konotatif kana Kalimah

Conto:   1. Acuk Néng Ani téh mani bodas beresih.
2. Néng Ani mah haténa téh mani bodas beresih.

Pigawé saperti conto!

1.         héjo
.................................................................................................................................
.................................................................................................................................
2.         korsi
.................................................................................................................................
.................................................................................................................................
3.         amplop
.................................................................................................................................
.................................................................................................................................
4.         caang
.................................................................................................................................
.................................................................................................................................
5.         pait
.................................................................................................................................
.................................................................................................................................











LATIHAN PANGAJARAN MODUL 2

Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap bener!

Baca sajak ieu di handap!

LAGU HIRUP
Karya: Édi D. Iskandar

Unggal poé unggal léngkah
nataan tanggal dina kalénder
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

dina béja dina carita
teu weléh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Henteu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

dina sakeclak cimata. Aya kasedih
nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui

  1. Nyaritakeun naon sajak diluhur téh....


a.     Lalampahan
b.     Kahirupan
c.     Awak
d.     Nasib
e.     Kahayang


  1. Ari umur melesat teu kajeueung. Maksud kecap kajeueung tina sajak diluhur....


a.     teu karasa
b.      naék terus
c.     Ngurangan
d.     Ngalobaan
e.     beuki panjang


  1. Conto kalakuan nu méngpar tina tatakrama nya éta ...


a.     tara solat
b.     teu puasa
c.     tara ngerjakeun PR
d.     tara ngapalkeun
e.     teu hormat ka nu jadi kolot


  1.  “Aya nu miang teu mulang deui”. Éta kalimah téh ngandung harti nu.....


a.     Sabenerna
b.     Konotatif
c.     Sabalikna
d.     Injeuman
e.     sarua


  1. “Aya kasedih nu teu kedal”. Sasruaan kecap teu kedal  téh nya éta ...


a.     susah ngomong
b.      teu karasa
c.     teu ka ucapkeun
d.     babari ngomong
e.     Teulila


  1. Sajak mimiti gelar dina sastra Sunda taun ....


a.     1923
b.     1953
c.     1963
d.     1973
e.     1983


  1. Sajak “Lalaki di Tegal Pati” téh dikarang ku Sayudi. Pati téh hartina ...


a.     wanian
b.     ludeungan
c.     palastra
d.     gugur
e.     Kasedih


  1. “Aya nu miang teu balik deui”. Éta kalimah téh maksudna ...


a.     keur nu hirup
b.     keur manusa          
c.     keur anu maot
d.     keur nu digawé
e.     keur  sakabéh jalma


  1. “Tanpa méré kacindekan”. Kacindekan hartina ...


a.     Kasimpulan
b.     Masalah
c.     Putusan
d.     Tanggapan
e.     masalah


  1. “Ukur anjeun kembang kamelang”. Éta kalimah ngandung harti ....


a.     dénotatif
b.     babandingan
c.     konotatif
d.     saujratna
e.     sabenerna


  1. ”Ukur anjeun kembang kamelang”. Kamelang mah nuduhkeun rasa ...


a.     sedih
b.     bungah
c.     ceuceub
d.     hariwang
e.     ngéwa


  1. Dina sajak mah loba ngagunakeun harti ....


a.     sajalantrahna
b.      sabenerna
c.     Dénotatif
d.     Konotatif
e.     Saenyana


  1. Sajak kagolong kana wangun ....


a.     Prosa
b.     Lancaran
c.     Ugeran
d.     Carita
e.     Mantra


  1. Nu teu kaasup kana wangun ugeran ...


a.     Dongéng
b.     Mantra
c.     Angjawokan
d.     Kawih
e.     Sajak


  1. Ide atawa jiwa anu aya dina hiji sajak disebut ....


a.     Judul
b.     Purwakanti
c.     Téma
d.     Amanat
e.     guru wilangan jeung guru lagu



















Rounded Rectangle: MODUL 3 





STANDAR KOMPETENSI         :
10.3   Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana tulis yang berupa sejarah lokal/babad,puisi,novel dan berita, surat   kabar/majalah/media elektronik

KOMPETENSI DASAR  :
10.3.3  Membaca apresiasi cerita pendek (carita pondok)

 INDIKATOR                             :
·               Dapat mengidentifikasikan ciri-ciri cerita dengan rasa ingin tahu
·               Dapat memahami isi cerita secara komunikatif
·               Dapat menceritakan ringkasan cerita secara demoktratis
·               Dapat menyimpulkan tema dan amanat cerita dengan kepedulian lingkungan
·               Dapat mengemukakan latar dan penokohan dalam cerita secara mandiri
·               Dapat menanggapi segi-segi dan bahasa cerita dengan kreatif
·               Dapat mengaitkan isi cerita dengan kehidupan sehari-hari dengan kepedulian sosial

Alokasi Waktu             :
4 x 40 Menit

Materi :

KARĒTA NU MAWA LUNTA
Carpon : Cucu Rahmat

Karéta laju mawa kuring ka Jawakeun, sorana ngaguruh handaruan …
Hareupeun kuring diuk awéwé tengah tuwuh, gigireunnana budak lalaki kira-kira umur sapuluh taunan.
Katangen teu daék cicing. Leungeunna teu reureuh-reureuh ngageber-geberkeun tungtung samping, tayohna ngageberan awak anu pinuh ku kesang ngagarajag.
Koplok!! .. lamun euweuh indungna, hayang nyocokan tah sungutna.  Tuda ti tatadi teu daék répéh ngan ceurik wé, dengér deuih ceurikna téh.
“Jep bageur, jeeeep ….. pan badé nyusul bapa hidep. Jeep teu kéngéng rungsing isin ku nu sanés.” Ngupahan budakna bari neuteup ka kuring. Terus neuteup ka awéwé gigireun kuring. Neuteup deui ka kuring bari unggeuk lalaunan, belenyéh imut.
Na kamana cenah salakina téh atuh, kabur kitu atawa kawin deui?
Hayang nanyakeun mah, ngan euweuh hak kuring nyaho urusan rumah tangga batur.
Ret deui ka awéwé gigireun kuring. Rada lila, bangun keur ngimeutan beungeutna. Rét deui ka kuring belenyéh deui imut. Aaahh… naon cenah maksudna Si Kasebelan téh?
Teu kudu diingetan! Kuring gé apal kumaha geulisna awéwé anu diuk gigireun kuring teh.  Enya geulis pisan awéwé anu diuk di gigireun téh.
Katingalina nyalsé tetep tibra siga nu teu kaganggu ku sora ceurik budak, atawa ngaguruhna sora karéta. Tas lalampahan jauh atawa tas gawé beurat sigana mah!
Lah ….! Dipikiran teuing, pan kuring sorangan gé pikiraneun kénéh. Puguh baluweng, kudu kumaha nya pipetaeun. Padahal teu dulur, teu sanak, teu pamili, bet kalah los-los indit ka Jawa. Estu bener-bener indit nuturkeun indung suku ieu mah ….
Tina kaca jandéla katémbong tatangkalan lalumpatan. Ngajajar siga anu keur baris. Gugupay ka kuring anu daunna ngarémploh héjo.
Ditungtung béh ditu, haseup hideung kaluar tina hulu karéta basa mengkol saméméh asup torowongan. Sakeudeung deui bakal poék. Tapi keun moal lila meureun.
Emmhhh … jadi inget Mang Adim. Nongtoréng kénéh basa harita ngobrol di tepas pasosoré : “Hirup mah sujang kudu kawas domba eumm. Lalaki mah kudu boga bulu anu hadé kawas domba. Rék hideung rek bodas buluna mah. Nu hideung polos, tapi ulah hideung bangbara, mun bodas ulah bodas nyacas.
Naha?! …” teu kudu maké naha, sabab hideung bangbara atawa bodas nyacas cirina éta domba sok jejerih. Lamun meunang paneunggeul nu rada teuas ti musuhna bakal kabur. Teu junun, ngérakeun dunungan anu kitu téh, najan éta domba téh kasép!”
“Enya…, ngan telengesna téh kabina-bina emang mah, sakitu kuring gagahna bet disaruakeun jeung domba!”
“Hé…hé…hé… omat deuih caturangga kudu sapat. Ti hulu nepika buntut mun bisa mah ulah waka dicawad.
“Keur?”
“Keur gelut! Ulah ngaku-ngaku lalaki lamun teu bisa ngamangpaatkeun éta peureup.”
“Naha, maksudna kumaha, emang nitah ka kuring kudu jago gelut?!”
“Teuas peureup hadé usap eum! Teu nitah gelut emang mah, maksudna éta peureup anu sakitu gedéna mangpaatkeun sakumaha ilaharna lalaki.” Mang Adim bari nyéréngéh.
Karasa aya nu nyelek dina tikoro. Mamaras asa kacerek. Mentegeg. Enya kitu kuring téh lalaki anu bisa ngamangpaatkeun peureup. Aaaah …….
“Kudu laér kanjut deuih,”
“Ihhhh …! Jorang geuning Si Emang mah.”
“Hus …!! Kamana baé maksudna domba lamun laér kanjut téh sangkan mundurna jauh, ngarah boga awahan bari museurkeun tanaga pikeun neunggeul musuh.”
“Pan keukeuh ulah gelut?”
“Tuhu dina galur. Panjang pamikiran, jeung panjang dongkang jadi lalaki mah.”
“Ahh teu ngerti naon maksudna, nu puguh mah kalah nambahan jangar hulu!.
Haseup roko anu kaluar tina irung Mang Adim meni ngelun, terus luak-léok, poék kawas haseup anu kaluar tina hulu karéta api.
Enya taya anu sampurna geuning hirup mah!. Kanyataan, kalan-kalan teu sapagodos jeung kahayang. Malahan mencog nu aya …
Padahal, kuring ogé ménta téh maké tatakrama. Jajauheun kana maksa-mirusa. Angger teu ditedunan. Kalah dijejeléh, bari ngomong dijeding-jeding téa, “Teu nalipak manéh siah! Yeuh …… waja mah lawanna kudu waja deui, moal kuat bonténg ngalawan kadu!” tipepereket bari mulak cangkéng. Samping meni nyingsat-nyingsat téa. Koplok téh!.
Enya! Palebah dieu mah rumasa kuring gé! Ras ku milik diri, asa teu adil hirup téh. Padahal anu aya di badan sakujur teu kudu ngéngkén, moal ngumbang ka batur, éléh atah-atah ku tarikna watek pidunya.
Ehhmm … Kabeungharan ngéléhkeun kuring nepi ka kolotna leuwih milih Si Kasebelan batan kuring! Padahal mun téa mah laksana kapiduriat, bakal ditangtang-diténgténg dijieun bonténg sapotong ku kuring gé.
“Sukuna kacawad eum …!”
Gebeg!  Mang Adim nyéréngéh kagugu ku polah kuring.
“Kurang kekep teu mancuh kawas suku bagong. Siku-siku suku tukang teu nyimeut. Goréng kuda-kuda ari kitu mah. Jaba buntutna teu heuras, teu ngajeprét, teu mecut …” jiga beuki ngahajakeun ngélég lamunan kuring.
Enya … teu bina ti kitu nanasiban téh. Sakalina tandang ngadu tanduk di pakalangan, ku sabab goring kuda-kuda, kalah awak ngabangkieung malindes ku tanaga sorangan. Beuheung tiparieus kabawa tarikna teunggeulan musuh.peunggas pangharepan. Méh-méhan kuring perlaya ditengah lapang. emmhh Abah, Ambu, ujang éléh jajatén. Kabur ti pakalangan ….


*************

Kang … tos dugi kamana ieu téh, tebih kénéh?”
Gebeg! Lamunan kagareuwahkeun …
Basa ngarérét, awéwé gigireun ngabelenyéh bari gigisik.
“Euuuu ….”
“Sawios ketah badé dugi kamana atanapi dimana gé, nu penting Lisna tos aya di dieu, seja tuhu kumawula kana agungna cinta urang duaan. Lisna ikhlas dicandak kabur ku akang, ngan kedah ditikah heula?”
“Hé  hé  hé.”
“Ku naon, kang?” sirahna disarandékeun kana taktak kuring.
“Henteu.”
Bener ceuk Mang Adim; jalan hirup mah ngan dua kelir … dua pilihan …
Awéwé hareupeun kuring neuteup deui ka kuring, malah beuki anteb. Rét ka kuring, rét ka Lisna. Unggeuk lalaunan, belenyéh imut.
Sora karéta asa beuki handaruan, kawas méré sumanget mangprung ka Jawakeun …..

(Dicutat tina Majalah Sunda Cupumanik : Mei 2010 hal. 18-21)


Kamus Alit
Di handap mangrupa harti kecap-kecap nu dianggap susah tina téks wacana diluhur!
Ø  Katangen                 : terlihat
Ø  Tayohna                  : kayanya
Ø  Ngagarajag             : kata tambahan yang menunjukan keringat yang banyak
Ø  Ngaguruh                : gemuruh
Ø  Handaruan              : bergema
Ø  Dengér                    : kata tambahan yang menunjukan menangis yang kecang
Ø  Rungsing                 : menyusahkan
Ø  Belenyéh                 : kata pengantar untuk kata ‘senyum’
Ø  Ngimetan                : membersihkan sampai bersih
Ø  Nyalsé                    : santai
Ø  Lalampahan             : perjalanan
Ø  Tas                         : selesai atau sudah
Ø  Baluweng                : bingung
Ø  Ngarémploh             : kata yang menunjukan pepohonan yang hijau
Ø  Pipetaeun                : tindakan
Ø  Nongtoréng             : jelas masih terdengar
Ø  Tepas                     : ruangan di depan rumah
Ø  Sujang                    : pengganti kata “ujang”
Ø  Bangbara                : tawon
Ø  Nyacas                    : putih sekali
Ø  Jejerih                     : gampang menyerah, pasrah
Ø  Telenges                 : tidak punya rasa kasihan
Ø  Caturangga              : omongan
Ø  Sapat                      : beres
Ø  Dicawad                  : dilarang
Ø  Ilaharna                  : kebiasaannya
Ø  Nyéréngéh              : senyum
Ø  Jorang                     : bicara kotor
Ø  Tuhu                       : turut
Ø  Galur                      : aturan atau jalan cerita
Ø  Jangar                     : pusing
Ø  Waja                       : baja
Ø  Kalan-kalan             : kadang-kadang
Ø  Méncog                   : tidak sesuai dengan yang diinginkan
Ø  Maksa-mirusa          : memaksa
Ø  Dijejeléh                 : dijelek-jelekan, dihina
Ø  Ngéngkén                : dibetulkan atau diperbaiki
Ø  Laksana kapiduriat   : terlaksana bersama dengan yang dicintai
Ø  Gebeg                     : kaget
Ø  Jajatén                    : kekuatan

Latihan

Jawab pertanyaan dihandap dumasar carpon diluhur!

1.       Saha tokoh utama jeung tokoh tambahan carpon diluhur téh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
2.       Numutkeun hidep carpon diluhur ngagunakeun galur (alur) naon? Jelaskeun!
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
3.       Rék kamana si tokoh dina carita diluhur téh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
4.       Naha Si Tokoh téh bet kabur ninggalkeun lemburna?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
5.       Naha Mang Adim ngaibaratkeun lalaki kudu cara domba?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
6.       Numutkeun hidep, naon pihartieun paribasa ‘waja mah lalawananna kudu waja deui’?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
7.       Kumaha paripolah budak nu dibawa ku ibu-ibu tengah-tuwuh téh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
8.       Saha ari Lisna téh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
9.       Naon alesanna pangna kulawarga Lisna teu satuju upama Lisna kawin ka Si Tokoh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
10.    Numutkeun pamanggih hidep, naon amanat anu hayang ditepikeun tina carpon diluhur?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………


Pedaran Carita Pondok
            Carita pondok téh nya éta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian sarta ukurannana pararondok. Carita pondok sok disingget CARPON. Carpon téh ka asup wangun karya sastra nya éta karya sastra wangun lancaran (prosa).
Lamun di pasing-pasing deui carpon téh ka asup wangun lancaran (prosa) anyar. Disebut wangun prosa anyar sabab carpon téh lain mangrupa karya sastra asli hasil kabinangkitan urang Sunda, tapi mangrupa karya sastra hasil pangaruh ti sastra kulon utamana Walanda.
Lebah ukurannana, aya anu diukur jumlah kecapna nya éta antara 5.000 – 10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana nya éta kurang-leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi ka tamat.
Kulantaran pondok téa, kajadian anu dicaritakeunana ogé henteu réa, biasana diwangun ku hiji kajadian utama. Kitu deui palakuna, umumna tara loba. Latarna boh latar tempat, boh latar waktu sarua deuih henteu loba.
Bédana jeung dongeéng, carita pondok mah caritana méré kesan ka anu macana yén kajadian, palaku, tempat, jeung mangsa anu dicaritakeunnana téh henteu pamohalan. Kajadian sapopoé ogé mindeng dicaritakeun dina carpon mah.
Carita pondok mangrupa hasil réka cipta pangarang, jadi lain lalakon anu enya-enya tapi lalakonna asup akal henteu pamohalan, sabab kajadian dina carpon bisa ogé aya dina enyana. Memang bisa ogé kajadian nyata dipaké dadasar carpon, tapi ngan sa ukur pikeun bahan.
Ciri-ciri carita pondok téh, nya éta:
1.             Caritana pondok
2.             Caritana asup akal
3.             Titik masalahna ngan hiji
4.             Ngan sa-episodeu
5.             Jumlah tokoh antara 3-4 urang
6.             Kadang-kadang endingna teu pati jelas
7.             Jelas pangarangna
Sedengkeun unsur-unsur anu aya dina carpon teu béda jeung unsur-unsur nu aya dina wangun prosa séjénna, nya éta:
1.             Téma, inti carita
2.             Palaku, tokoh nu ngalalakon dina jero carita
3.             Galur, jalan carita
4.             Latar, katerangan ngeunaan waktu, tempat, atawa suasana carita
5.             Amanat, pesan nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca.
Carpon mimiti hadir dina kasusastraan Sunda dina majalah Parahiangan, ahir taun1920-an. Ari kumpulan carita pondok anu munggaran dina basa Sunda nya éta Dogdog Pangréwong, karangan G.S anu medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonesia, Teman Duduk karangan M. Kasim, anu medal taun 1936.
Raména carita pondok dina sastra Sunda pangpangna sabada merdéka. Sumebarna umumna ngaliwatan majalah-majalah jeung surat kabar sunda. Nepi ka kiwari teu robah, umumna carpon sumebar ngaliwatan majalah jeung surat kabar.












Rounded Rectangle: MODUL 4 





STANDAR KOMPETENSI         :
10.3   Mampu membaca, memahami dan menanggapi berbagai wacana tulis yang berupa sejarah lokal/babad,puisi,novel dan berita, surat   kabar/majalah/media elektronik

KOMPETENSI DASAR  :
10.3.4  Membaca berita (warta) dari surat kabar/majalah/media elektronik

 INDIKATOR                             :
·               Dapat menghimpun/memilih beberapa berita penting dari surat kabar/majalah/media elektronik selama seminggu terakhir untuk ditulis kembali dengan rasa ingin tahu
·              Dapat membaca berita dengan lafal, tekanan dan intonasi yang tepat secara disiplin
·              Dapat menafsirkan makna kosa kata dalam berita dengan kerja keras
·              Dapat menanggapi dan menjelaskan berita secara kreatif


Alokasi Waktu             :
4 x 40 Menit

Materi :

Ieu di handap conto warta dina surat kabar anu dicutat tina Galura no. 52/2006 (Artikel Dr. Sobana Hadjasaputra, S.S.,M.A. ahli sajarah). Baca sing alus lentongna!

BANDUNG LAUTAN API, SAHA NU JADI PAHLAWANNA?

            Bandung Lautan Api (BLA) téh kajadianana sanggeus pasukan NICA nu ditangtayungan ku tentara Sekutu dating ka Bandung bulan Nopémber 1945. Ti dinya, Sekutu ngarebut Bandung Beulah kalér. Balukarna, ti mimiti tanggal 29 Nopémber 1945, Kota Bandung dibagi dua, watena (garis demarkasi) jalan karéta api. Bandung kalér dikawasa ku Sekutu, sedengkeun Bandung Kidul ku tentara Republik Indonésia (TRI), pingpinan Kolonél A.H. Nasution.
Dipisahkeunana Kota Bandung ngalantarankeun beuki ngahijina kakuatan laskar rahayat eung TRI. Laskar rahayat nu harita aya di Bandung di antarana Laskar (Rd. Ema Bratakusumah), Barisan Banténg (Ukar Bratakusumah) jeung Barisan Mérah (Nukman). Ketak laskah-laskar bieu matak musingkeun pihak Sekutu.
            Pihak Sekutu katétér. Pingpinan Sekutu ahirna mah meredih ka pamaréntah pusat RI sangkan pasukan pajuang diparéntahkeun mundur ka beulah kidul kalayan radius 11 kilométér. Pamaréntah Kota Bandung ogé dina tanggal 20 Désémber 1945 diultimatum ku Sekutu sina ngukuprak pasukan RI ninggalkeun Bandung, saelatna 24 Maret 1946.
            Pamaréntah RI ngaliwatan Menteri Syafrudin Prawiranegara maréntahkeun sangkan parapajuang gancanng ninggalkeun Kota Bandung. Ari markas tertinggi TRI di Jogjakarta ngintruksikeun TRI jeung parapajuang di kota Bandung kudu : setiap jengkal tumpah darah dipertahankan. Pamaréntah sipil kota Bandung mah ngagugu ka pamaréntah pusat.
            Ku sabab aya dua paréntah, TRI jeung parapajuang ngayakeun gempungan. HAsilna, rahayat gancang ngungsi, ari TRI jeung lascar mah tetep aya di kota Bandung sarta bakal terus mertahankeun Kota Bandung bagian kidul. Lamun téa mah diduruk heula, tujuanana sangkan teu dimangpaatkeun ku Sekutu. Poé Ahad, 24 Maret 1946, kira-kira tabuh 14.00, Kolonél A.H. Nasution maréntahkeun saméméh tabuh 24.00 parakaryawan jeung rahayat kudu ninggalkeun Kota Bandung, lantaran tengah peuting bakal dibumihanguskeun. Rahayat Kota Bandung ngagugu , ngungsi ka Soréang, Dayeuhkolot, Cicaléngka jeung sajabana.
            KUrang leuwih tabuh 21.00, TRI jeung parapajuang ngamimitian ngacurkeun Kota Bandung. Dimimitian ngabitukeun dinamit di puseur kota, yeu jauh di Pendopo Kabupatén Bandung (ayeuna rumah dinas walikota Bandung). Ti dinya mah, bring wéh bangunan-bangunan nu di Kota Bandung didurukan. Kota Bandung jadi lautan seuneu sarta tuluy katelah Bandung Lautan Api.
            Ir. Ukar Bratakusuma salah saurang saksi BLA, nyebutkeun bangunan nu diduruk téh lolobana mah imah rahayat. Di pangungsian, Ukar Bratakusuma nu harita jadi pembantu Gubernur Jawa Barat Bidang Kamakmuran nyaksian rahayat nu srwa kakurangan téh ngiklaskeun ngorbankeun imahna.
            Mun téh mah BLA disebut tindakan heroic. Saha anu sabenerna nu jasi pahlawanna? Jawabanana rahayat, babakuna nu imahna diduruk. Rahayat nu jadi “Pahlawan” téh, lantaran maranéhna geus réla ngorbankein kakayaanana sarta daék nandangan lara balangsak. Pangorbanan rahayat bias disebutkeun tumbal kamerdékaan nagara jeung bangsa urang.
            Ku kitu dina miéling BLA, panghormatan téh salian ti ka para pajuang nu nyepeng bedil, ogé ka rahayat kabéh dina mangsa harita nu geus ngorbankeun harta jeun nyawana.

KAMUS ALIT

Balukarna                      : akibatnya
Meredih                         : meminta
Gempungan, lawungan   : kumpulan, diskusi, berunding
Nandangan                   : mengalami
Balangsak                     : sengsara
Katétér, kadéséh            : tidak kuat untuk melawan
 Ngagugu                      : tunduk, taat
Ngungsi                         : pindah tempat
Heroik                           : sikap kepahlawanan                

KAGIATAN DIAJAR
DIAJAR 1 : Jawab sakur pasualan ieu di handap!

1.     Naha kota Bandung bet dibagi dua wilayah?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
2.     Naon sababna kota Bandung bet diduruk?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
3.     Ka mana ngarungsina rahayat kota Bandung?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
4.     Saha anu maréntahkeun ngaduruk kota Bandung?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
5.     Saha anu jadi pahlawan dina kajadian Bandung Latan Api?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
6.     Iraha kajadian Bandung Lautan Api?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..
7.     Kudu kumaha urang ngahrgaan pahlawan dina peristiwa Bandung Lautan Api?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………..


Pedaran Perkara Warta

Warta téh mangrupakeun informasi anu ditepikeun atawa dibéjakeun keur balaréa. Dina istilah jurnalistik aya anu disebut spot-news nya éta mangrupa anu katénjo jeung kadéngé saharita, kajadianna di hiji lokasi, teu ditambahan ku informasi séjéna. Tulisan-tulisan model kitu téh contona kajadian kahuruan, tabrakan, kabangsatan jeung réa-réa deui anu lumangsungna dina waktu anu singget.
Sangkan hiji warta anu ditepikeun téh narik ati pikeun dibaca, diperelukeun téknik nulis nu hade, ti mimiti bubuka nu singget padet anu ngagambarkeun eusi warta anu ditulis, eusi warta ditulis ku basa nu lugas, singget ngarah gampang kaharti, tur matok kana prinsip nulis warta ngeunaan : naon, iraha, dimana, saha, jeung kumaha kajadianana.
Patali jeung pedaran ngeunaan maca warta, aya sababaraha perkara anu kudu diperhatikeun pisan, nya éta :
1.     Teuleuman eusi warta anu rék dibaca nepi ka kaharti.
2.     Lamun perelu, oméan naskah naskah warta anu rék dibaca, tangtuna kudu dikanyahokeun ku panulis aslina.
3.     Kudu siap lamun aya hambatan téhnis nalika maca warta.
4.     Tetep tenang jeung rilék tapi bari mikir pikeun nyieun kaputusan anu kudu dipilampahkeun.
5.     Ménta hampura lamun aya kasalahan.
6.     Siapkeun rupa-rupa vérsi kalimah dina nyanghareupan kasalahan.
7.     Usahakeun pikeun mawa naskah warta.
8.     Baca warta kaas keur cacarita ka jalma lian.
9.     Pasémon kudu saluyu jeung eusi warta ani dibaca.


DIAJAR  2 : Jawab sakur pasualan ieu di handap!

  1. Naon ari nu disebut warta téh ?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
  1. Naon ari nu disebut spot-news ?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
  1. Naon prinsip anu jadi patokan dina nulis warta ?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
  1. Naon sebutan pikeun jalma anu tugasna ngalaporkeun hiji kajadian di hiji tempat sacara langsung?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
  1. Sebutkeun perkara anu kudu diperhatikeun nalika maca warta ?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
…………………………………………………………………………………………………………………………………………….
















Rounded Rectangle: MODUL 5 





STANDAR KOMPETENSI         :
10.4  Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan dalam berbagai ragam tulisan yang berbentuk terjemahan, surat dan biografi

KOMPETENSI DASAR  :
10.4.1 Menterjemahkan dari bahasa Indonesia ke dalam bahasa Sunda atau sebaliknya

 INDIKATOR                             :
·               Dapat memilih teks berbahasa Indonesia untuk diterjemahkan dengan rasa ingin tahu
·               Dapat menerjemahkan teks berbahasa Indonesia dengan memperhatikan pesan dan bahasa dengan sikap peduli lingkungan
·               Dapat menyunting teks terjemahan yang ditulis teman secara jujur
·             Dapat memilih / mengungkapkan padanan kata dengan tepat dengan mandiri

Alokasi Waktu             :
6 x 40 Menit

Materi :
BATUTULIS

            Prasasti Batutulis. Terletak di Desa Batutulis, kotamadya Bogor, sampai sekarang masih di tempatnya.
            Dipahatkan pada batu pipih berbentuk ‘gugunungan’ dengan Aksara Sunda Kuna dalam sembilan baris tulisan.
            Sudah diketahui sejak tahun 1690, dan banyak peneliti yang tertarik untuk membahasnya.
            Dibuat tahun 1333 (dalam bentuk Candrasangkala: panca pandawa negmban bumi, 1255 Saka) oleh raja Surawisesa (1521-1535) untuk mengenang jasa ayahnya. Sri Baduga Maharaja (1482-1521), yang memperbaiki dan mengelilingi ibu kota Pakuan Pajajaran dengan parit, membuat hutan larangan di Samida, membuat jalan ke Samida, dan membuat Danau  Renamahawijaya.
            Dari prasasti itu dapat diketahui bahwa Sri Baduga Maharaja beberapa kali dinobatkan, dan setiap penobatan memperoleh nobat baru, yaitu Prebu Guru Dewataprana, Sri Baduga Maharaja dan Sri Sang Ratu Dewata. Ia adalah anak Rahyang Dewa Niskala yang meninggal di Gunatiga, cucu Niskala wastu Kancana, yang meninggal di Nusalarang. Di dekat batu prasasti, terdapat batu dengan tapak kaki. Tidak jauh dari prasasti itu terdapat dua buah patung batu; yang besar diduga patung Purwakalih, yang kecil patung Kidang Pananjung.

Upama ditarjamahkeun, éta wacana téh jadi kieu.

BATUTULIS

            Prasasti Batutulis. Pernahna di Désa Batutulis, Kota Bogor, nepi ka ayeuna masih aya di tempatna.
            Ditatah kana batur tulis ipis winangun ‘gugunungan’ maké Aksara Sunda buhun, nu jumlahna aya salapan jajar. 
            Ieu tulisan geus kanyahoan ti taun 1690. Teu saeutik panalungtik anu kataji pikeun ngabahas éta tulisan. 
            Ari dijieunna dina taun 1333 (dina wangun Candrasangkala: panca pandawa ngemban bumi, 1255 Saka) ku Raja Surawisésa (1521-1535) pikeun pangéling-ngéling kana jasa ramana. Sri Baduga Maharaja (1482-1521), anu ngoméan susukan nu ngurilingan puseur dayeuh Pakuan Pajajaran, nyieun leuweung larangan di Samida, nyieun jalan ke Samida, jeung nyieun Talaga  Rénamahawijaya.
            Tina éta prasasti kanyahoan yén Sri Baduga Maharaja geus sababaraha kali dinobatkeun. Unggal dinobatkeun dibéré´gelar anyar, nyaéta Prabu Guru Déwataprana, Sri Baduga Maharaja, jeung Sri Sang Ratu Déwata. Anjeunna téh  putrana Rahyang Déwa Niskala, anu gugur di Gunatiga, putuma Niskala Wastu Kancana, anu gugur di Nusalarang. Dina deukeut batu prasasti, aya batu nu di tengahna maké tapak dampal sampéan. Teu jauh tina éta prasasti, aya dua patung batu, anu gedé patung Purwakalih, ari anu leutik patung Kidang Pananjung.


Maham Kecap Kecap Panganteb jeung Kecap Panganteur
            Titénan kalimah di handap ieu!


            (1) Walungan Ciliwung téh ayana di Bogor          
(2) Di sisi walungana loba ogé dipelakan tangkal kai.
(3) Gék manéhna diuk gigireun kuring.
       (4) Teu kanyahoan jol pes wé poék lampuna.

            Kecap téh jeung ogé dina kalimah (1) jeung (2) di luhur, disebutna kecap panganteb, nu pungsina pikeun ngantebkeun bagian-bagian kalimah nu dianggap penting. Loba kénéh kecap panganteb séjénna, di antarana: téa, baé, leuwih, pisan, mah, jsté.
            Kecap gék jeung pes dina kalimah (3) jeung (4) di luhur, disebutna kecap panganteur, nu pungsina [ikeun panganteur kana naon-naon anu dicaritakeun atawa dituliskeun. Loba kénéh kecap panganteur séjénnam, di antarana: nyor, key, derekdek, ngong, jsté.

KAGIATAN DIAJAR
Diajar 1 (Individu/Kelompok): Maham Tarjamahan
            Jawab sakur pananya di handap ieu!
1.         Di mana pernahana prasasti Batu Tulis téh?
            ................................................................................................................................................
2.         Kumaha kaayaan éta Batu Tulis téh?
            ................................................................................................................................................
            ................................................................................................................................................
3.         Keur naon éta Batu Tulis téh bet dijieun?
            ................................................................................................................................................
            ................................................................................................................................................
4.         Saha ari Sri Baduga Maharaja téh?
            ................................................................................................................................................
            ................................................................................................................................................
5.         Saha ari Rahyang Déwa Niskala?
            ................................................................................................................................................
            ................................................................................................................................................

Diajar 2 (Individu): Ngalengkepan Kalimah
Lengkepan kalimah di handap ieu ku jalan milih jawaban nu bener!
1.         Boh Rani boh Rana, adi lanceuk téh duana ........ palalinter.
            a. téh                b. pisan             c. mah              d. ogé
2.         Ah atuh Ujang, gering saeutik .................. jamak baé.
            a. mah b. pisan             c. téh                            d. téa
3.         Pa Hadi téa atuh, geus moal aya nu bireuk.
            a. téh                b. téa                            c. teuing                        d. deui 
4.         Ari manéh abong jelema korét, barangbéré téh meni saeutik .....
            a. deui              b. pohara                      c. pisan             d. mah
5.         San, omat nya balikna ulah peuting ..... bisi euweuh angkutan di jalanna.
            a. waé              b. pohara                      c. teuing                        d. pisan
6.         Teu gugur teu angin ujug-ujug ..... waé manéhna ceurik.
            a. hing              b. céw                           c. ngong                        d. blug
7.         Ningali adina labuh téh kalah .... manéhna seuri.
            a. géréwék        b. key                           c. belenyéh                    d. gorowok
8.         Waktu kapnggih ku guruna keur jojorowokan, na atuh ...... baé Adi lumpat.
            a. léos               b. dius                           c. beretek                      d. geleser
9.         Bakating ku capé, barang datang ka imah téh guher manéhna ngedeng
            tibra .............
            a. mah b. pisan             c. téh                            d. téa
10.        Karék ogé .... turun tina mobil, geus diajakan indit deui.
            a. jung              b. gék                           c. jrut                            d. léos


Diajar 3 (Individu/Kelompok): Narjamahkeun
            Pék baca wacana di handap ieu, sabada kitu tarjamahkeun, kana basa Indonésia. Bisi mah hésé hidep bisa ngagunakeun ‘Kamus Sunda-Indonésia atawa Indonésia-Sunda’, bisa ogé disawalakeun jeung babaturan di kelas!

Tarjamahkeun ku hidep kana basa Indonésia:

            Boh ceuk babad, boh ceuk sajarah, lahirna batutulis anu aya di Kebon Kopi (Bogor) téh raket patalina jeung Karajaan Pajajaran. Sakumaha anu kaunggel dina  Babad Bogor. Ieu carita téh dimimitian ku carita Prabu Lutung Kasarung, sabada kawin jeung Putri Purbasari. Harita téh Prabu Lutung Kasarung nitah nyieun wawangunan, nu dikurilingan ku tajuran (kebon bungbuahan), di lebah Kampung Wangun jeung Kampung Tajur, sisi jalan antara Bogor jeung Ciawi. Nya ti harita, Lutung Kasarung ngalésotkeun kulit lutungna. Atuh ngaranna gé robah, jadi Maharaja Prabu Anggalarang.
            Teu kungsi lila, Prabu Anggalarang ngalih ka Pakuan Pajajaran, lebah batutulis ayeuna. Prameswari Purbasari harita bobot, ari carogéna amit rék ngabagawan. Purbasari ogé palayeun ngiring, tapi diwagel. Ari Prabu Anggalarang, nya terus ngabagawan di patapaan Gunung Padang wewengkon Cianjur.
            Saditinggalkeunana ku Prabu Angalarang, brol Purbasari téh ngalahirkeun. Budakna lalaki. Eta orok téh kakasihna Radén Silihwangi. Nu engkéna, sabada sawawa, ngalalana ka Sumedang. Di dinya baris kagungan garwa ka Nyi Radén Rajamantri, sarta boga gelar Prabu Siliwangi.

Tarjamahanana:
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
Nyundakeun
Pék tarjamahkeun kana basa Sunda wacana di handap ieu!

            Pada akhir abad ke-15 ada awal abad ke-16 panggung sejarah Indonesia, khususnya Jawa. Ditandai oleh dua fenomena menarik, yakni melemahnya atau, bahkan, memudarnya kerajaan-kerajaan lama yang bercirikan Hindu-Budha pada satu sisi dan munculnya islam, sebagai kekuatan politik baru yang semakin menunjukkan pengaruhnya yang kian membesar pada sisi lain.
            Setelah Majapahit jatuh (sekitar tahun 1527), di Pulau Jawa hanya terdapat dua Kerajaan Hindu yang masih tersisa, yaitu Kerajaan Pajajaran – yang ibukotanya terletak disekitar Kota Bogor sekarang – dan Kerajaan Blambangan di Pasuruan. Setelah Blambangan ditaklukan oleh Demak (1546), Kerajaan Pajajaran merupakan satu-satunya kerajaan Hindu yang masih berdiri.
            Melihat kekuatan Islam sebagai bahaya yang dapat mengancam eksitensinya, Kerajaan Pajajaran berupaya mengantisipasinya dengan menerapkan dua macam kebijakan. Pertama, burasaha membatasi pedagang-pedagang Islam yang mengunjungi pelabuhan-pelabuhan yang berada di wilayah kekuasaan Pajajaran. Kedua, mengdakan hubungan persahabatan dan kerjasama dengan Portugis yang berkedudukan di Malaka. Hubungan persahabatan ini, dimaksudkan agar Portugis dapat membantu Pajajaran apabila Kesultanan Demak menyerangnya.

Tarjamahanana:
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................
............................................................................................................................................................




















LATIHAN ULANGAN  MODUL 5

Béré tanda cakra (x) kana jawaban anu dianggap bener!

1.         Mana tarjamahan nu bener tina ungkara “Jadi orang itu harus pemberani,
jangan penakut”.
            a. Jadi jalma téh kudu loba kaludeung, ulah sieunan.
            b. Jadi jalma mah kudu wanian, ulah nyingsieunan.
            c. Jadi jalma mah kudu wanteran, ulah kasieunan.
            d. Jadi jelema téh kudu gedé wawanén, ulah sieunan.
2.         Mana tarjamahan nu bener tina ungkara “Isuk-isuk kénéh pisan kuring mah
geus indit ka sakola”, tarjamahan nu benerna ......
            a. Waktu pagi hari saya sudah berangkat ke sekolah.
            b. Waktu pagi sekali saya sudah berangkat ke sekolah.
            c. Pagi-pagi sekali saya sudah berangkat ke sekolah.
            d. Pagi-pagi buta sekali saya sudah berangkat ke sekolah
3.         Mana tarjamahan nu bener tina ungkara “Pakasaban bapa kuring mah jadi
padagang”, mana tarjamahan nu benerna .....
a. Perkerjaan ayahku jadi tukang dagang.
b. Pekerjaan bapak aku ieu jadi tukang dagang.
            c. Pekerjaan ayahku menjadi pedagang
            d. Pekerjaan ayahku sebagai pedagang.
4.         “Hikmah terbesar yang bisa kita peroleh dari perjalanan Isra Mikraj Rasullah
Muhammad SAW adalah diturunkannya perintah salat”. Tarjamahan nu benerna ....
a.     Diantara Hikmah panggedéna anu kapanggih tina lalampahan Isra Mi’raj
Rosululloh Muhammad SAW nyaéta turunna paréntah solat.
b.     Hikmah panggedéna anu kapanggih tina lalampahan Isra Mi’raj Rosululloh Muhammad SAW nyaéta turunna paréntah solat.
c.   Hikmah-hikmah anu panggedéna kapanggih tina lalampahan Isra Mi’raj
      Rosululloh Muhammad SAW nya éta turunna paréntah solat.
c.     Sawatara hikmah-hikmah anu panggedéna kapanggih tina lalampahan
IsMi’raj Rosululloh Muhammad SAW nya éta turunna paréntah solat.
5.         Kegigihan kita dalam memperbaiki salat serta kesungguhan memperbanyak
sujud berarti kesungguhan kita dalam membuka pintu pertolongan”. Tarjamahan nu benerna ...
a. Kukuhna urang dina memener solat sarta enya-enya ngalobaan sujud
    sarua hartina jeung keyengna urang dina muka lawang pitulung.
            b. Kukuhna urang dina memener solat sarta enya-enya lolobana sujud sarua
    hartina jeung keyengna urang dina muka lawang pitulung.
c. Kukuhna urang dina memener solat sarta enya-enya ngalobakeun sujud
    sarua hartina jeung keyengna urang dina muka lawang pitulung.
d. Kukuhna urang dina memener solat sarta enya-enya dilobaan sujud sarua
    hartina jeung keyengna urang dina muka lawang pitulung.
6.         ”Keluarga Besar Dinas Pendidikan Se-Jawa Barat menyampaikan turut
            Prihatin atas musibah banjir yang melanda wilayah Jabodetabek dan
wilayah-wilayah lainnya”. Tarjamahan nu benerna ......
a. Kulawarga sadaya ti Dinas Pendidikan Sa-Jawa Barat ngiring sungkawa
                kana ayana musibah banjir nu ngeueum wilayah Jabodetabek sareng
                wilayah- wilayah sanésna.
b. Ais pangampih Dinas Pendidikan Sa-Jawa Barat ngiring sungkawa kana
                ayana musibah banjir nu ngeueum wilayah Jabodetabek sareng wilayah-
    wilayah sanésna.
c. Ais pangampih Dinas Pendidikan Sa-Jawa Barat ngiringan sungkawa kana
                ayana musibah banjir nu ngeueum wilayah Jabodetabek sareng wilayah-
    wilayah lainna
d. Kulawarga ageung ti Dinas Pendidikan Sa-Jawa Barat ngiring sungkawa
                kana ayana musibah banjir nu ngeueum wilayah Jabodetabek sareng
                wilayah- wilayah lianna.
7.         “Sesungguhnya salat bagaikan kunci sebuah lemari yang berisi harapan-
harapan kita”. Tarjamahan nu benerna ...
            a. Saenyana solat téh ibarat konci lomari anu eusina harepan-harepan urang.
b. Saenyana solat téh dibaratkeun konci lomari anu eusina harepan-harepan
    urang.
c. Saenyana solat téh ngaibaratkeun konci lomari anu eusina harepan-
          harepan urang.
d. Saenyana solat téh diibaratkeun sarua jeung konci lomari anu eusina
    harepan-harepan
8.         “Teu karasa waktu téh meni nyérélék pisan, ayeuna geus Asar deui”.
            Tarjamahan nu benerna ....................
            a. Tak terasa waktu begitu cepat, sekarang Ashar lagi.
b. Waktu begitu cepat berlalu, tidak terasa sudah datang Ashar.
c. Lagi-gai waktu berlalu dengan cepatnya, sekarang sudah Ashar.
      d. Secepat kilat waktu berlalu, sekarang Ashar hampir berlalu.
9.         Mana tarjamahan nu bener tina “Perbuatan ingkar janji, sudah tak asing lagi”.
            a. Kalakuan jalir jangji téh geus teu anéh deui.
            b. Jalir jangji téh hiji sipat nu dipikaanéh.
            c. Dina kalakuan mah jalir jangji téh geus teu anéh deui.
d. Anéh dina kalakuan mah jalir jangji téh.
10.        “Jalma nu tara ngalaksanakeun saréat agama mah tong miharep bakal
            manggih hirup bagja dunia jeung ahérat”. Tajamahan nu benerna...................
a. Orang yang tidak pernah melaksanakan syariat agama, jangan hanya
    akan mendapatkan kebahagiaan dunia dan ahirat.
b. Orang yang tidak pernah melaksanakan syariat agama, jangan berharap
    akan mendapatkan kebahagiaan dunia dan ahirat.
            c. Orang-orang enggan melaksanakan syariat agama, maka janganlah
                berharap mendapatkan kebahagiaan dunia dan ahirat. 
            d. Orang berharap mendapatkan kebahagiaan dunia dan ahirat, tapi enggan
                melaksanakan syariat agama.



















Rounded Rectangle: MODUL 6 





STANDAR KOMPETENSI         :
10.4  Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan dalam berbagai ragam tulisan yang berbentuk terjemahan, surat dan biografi

KOMPETENSI DASAR  :
10.4.2 Menulis berbagai ragam surat yang berkaitan dengan struktur, isi, situasi dan bahasanya

 INDIKATOR                             :
·         Dapat mengidentifikasi struktur surat dengan gemar membaca
·         Dapat menulis pembukaan surat dengan baik dalam bahasa yang santun dengan sikap peduli social
·         Dapat menyatakan sesuatu dengan jelas dan singkat secara demokratis
·         Dapat menulis surat dengan kesatuan maksud yang tepat secara kreatif
·         Dapat menulis surat pribadi dengan struktur yang baik dan lazim dengan mandiri
·         Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik secara mandiri
·         Dapat menggunakan bahasa yang baik dan santun dengan sikap peduli social
·            Dapat membaca teks surat dengan intonasi yang baik dengan disiplin

Alokasi Waktu             :
6 x 40 Menit

Materi :
                                                                                                Tangerang, 24 Maret 2012
                                                                                                Kahatur Téh Muslimah
                                                                                                di Dépok
Salam Sono,

            Téh Limah kumaha kulawargi ayeuna di Dépok daramang? Alhamdulillah Sundari gé sakulawargi di Tangerang aya dina kaayaan séhat walafiat. Tos sono pisan Ari téh hoyong tepang sareng Téh Limah sakulawargi.
            Téh Limah, maksad Ari nyeratan téh teu aya sanés badé ngawartosan, réhna dina liburan anu badé dongkap hoyong ka Dépok. Kumaha tiasa henteu? Naha Téh Limah gaduh waktos nu rinéh kanggo nyarengan Ari liburan di Dépok?
            Téh Limah, Adé Wina ayeuna mah tos sakola ka SD, nembé kelas hiji. Tapi kedah dijajap-jajap waé ku Mamah ari mios ka sakolana téh. Atuh uih sareng mios téh sok disarengan waé sareng Mamah. Kumaha Adé Sinta tos sakola teu acan?
            Téh Limah, saleresna mah seueur pisan nu hoyong dicarioskeun dina ieu serat. Namung engké wé upami Ari liburan di Dépok, urang ngadongéngkeun naon-naon pangalaman masing-masing.
            Téh Limah, naha tiasa henteu engké dina liburan nyarengan Ari jalan-jalan di Kota Dépok? Harepan Ari mudah-mudahan Téh Limah tiasa nyarengan Ari nya. Téh serat ti Ari dicekapkeun dugi ka dieu heula. Ké upami tos caket kana waktosna liburan, ari bakal ngintun serat deui. Kahoyong Ari mah ieu serat téh saénggalna diwaleran. Nuhun nya Téh kana sagala kasaéan Téh Limah sakulawargi ka Ari. Teu hilap salam baktos kanggo Ua Istri kalih Ua Pameget sakulawargi di Dépok.

Sonona,
Sundari Ariésta

Kamus Alit:
Dina sajak di luhur aya kekecapan nu dianggap hésé. Pék tengetan, tuluy apalkeun!

caket                           = dekat
danget                         = waktu
dijajap-jajap               = diantar-antar
diwaleran                    = dijawab
dongkap                      = datang
hoyong                        = mau
kahatur                       = untuk
ngawartosan               = memberitahu
ngintun                        = berkirim
rinéh                            = santai (waktu)
salam baktos              = salam hormat
sono                            = kangen
tepang                         = bertemu
teu acan                      = belum


Mikaweruh Surat
            Ku ayana pangaruh jaman, alat komunikasi téh mingkin canggih baé. Alat komunikasi lisan misalna waé telepon atawa hand phone (HP). Tapi sok sanajan kitu komunikasi dina wangun tulisan loba kénéh digarunakeun, diantarana surat.
Surat téh nya éta sarana komunikasi tinulis. Surat kaasup alat atawa pakakas komunikasi dina wangun tulisan.
Di tingali ti saha nu ngirimna surat, surat téh dibagi jadi surat nu sipatna pribadi jeung aya nu sipatna dinas. Surat pribadi ditulis ku hiji jalma ka jalma lianna, eusina ngébréhkeun hal-hal nu sipatna pribadi. Ari surat dinas ditulis ku hiji pausahaan, instansi, atawa kantor nu ditujukeun ka pausahaan, instansi, jeung kantor lian, atawa ka pribadi. Surat dinas bisa ogé ti pribadi ka pausahaan, instansi, jeung kantor.
Di tingali tina eusina surat téh dibagi jadi surat resmi jeung surat teu resmi. Surat resmi nya éta surat nu eusina penting. Bisa mangrupa perjanjian usaha, jual beuli, gawé bareng (kerja sama) papada perusahaan, jeung sajabana. Biasana surat resmi dikaluarkeun ku instansi atawa perusahaan. Surat teu resmi nya éta surat nu eusina hal-hal nu gampang-gampang sarta euweuh perjanjian di jerona. Misalna surat keur kulawarga, surat cinta, ka sobat, jeung sajabana.

Surat téh ngurung rupa-rupa bagian;
1. Bubuka
(a) titimangsa,
(b) tujulna surat,
(c) salam pamuka,
(d) bubuka,
2. Eusi
3. Panutup
(a) ucapan panutup,
(b) salam panutup, jeung
(c) anu ngirim surat.
      - ngaran nu ngirim surat
      - tanda tangan nu ngirim surat



KAGIATAN DIAJAR
DIAJAR 1 (Individu/Kelompok): Maham Eusi Surat
            Sangkan leuwih paham kana eusi surat di luhur pék jawab pananya ieu di handap!

1.         Naon bédana surat pribadi jeung surat resmi/dinas?
            ....................................................................................................................................
2.         Ari surat di luhur kaasup kana surat naon? Naha? Jéntrékeun
            ....................................................................................................................................
3.         Naon maksud Sundari nyuratan ka Téh Muslimah?
            ....................................................................................................................................
4.         Naon waé nu dicaritakeun ku Sundari ka Téh Muslimah dina surat di luhur?
            ....................................................................................................................................
5.         Naon kahayang Sundari dina surat di luhur?
            ....................................................................................................................................


LATIHAN ULANGAN MODUL 6

I.  Béré tanda cakra (x) dina jawaban nu dianggap bener!
1.         Dépok, 24 Maret 2012
                        Ungkara di luhur kaasup kana .... surat
            a. titimangsa                              b. bubuka                                  c. tujulna          
d. eusi                                       é. panutup
2.         Kahatur
            Téh Susi Anasti
            Di Dépok
                        Ungkara di luhur kaasup kana .....  surat
            a. titimangsa                              b. bubuka                                  c. alamat tujuan surat    
d. eusi                                       é. panutup
3.         Sareng hormat,
                        Ungkara di luhur kaasup kana ..... surat.
            a. titimangsa                              b. salam pamuka                       c. salam panutup           
d. eusi                                       é. tujulna surat
4.         Assalamu’alaikum Wr.Wb.
                        Ungkara di luhur kaasup kana .... surat
            a. titimangsa                              b. salam pamuka                       c. salam panutup           
d. eusi                                       é. tujulna surat
5.                     Téh Limah kumaha kulawargi ayeuna di Dépok daramang? Alhamdulillah Sundari gé sakulawargi di Tangerang aya dina kaayaan séhat walafiat. Tos sono pisan Ari téh hoyong tepang sareng Téh Limah sakulawargi.
Ungkara di luhur disebutna .....  surat
            a. salam pamuka                       b. bubuka                                  c. eusi              
            d. panutup                                 é. salam panutup
6.                     Téh Limah, maksad Ari nyeratan téh teu aya sanés badé ngawartosan, réhna dina liburan anu badé dongkap hoyong ka Dépok. Kumaha tiasa henteu? Naha Téh Limah gaduh waktos nu rinéh kanggo nyarengan Ari liburan di Dépok?
Ungkara di luhur disebutna .....  surat
            a. salam pamuka                       b. bubuka                                  c. eusi                          
d. panutup                                 é. salam panutup
7.         Maksud Sundari nyuratan ka Téh Limah ku sabab hayang ....
            a. apal kaayaan Téh Limah di Dépok                   b. liburan di Dépok
            c. nganjang ka Uana nu aya di Dépok      d. ngajaran jalan-jalan di Kota Dépok
            é. hayang dipikanyaah ku Téh Limah
8.                     Téh Limah, Adé Wina ayeuna mah tos sakola ka SD, nembé kelas hiji. Tapi kedah dijajap-jajap waé ku Mamah ari mios ka sakolana téh. Atuh uih sareng mios téh sok disarengan waé sareng Mamah. Kumaha Adé Sinta tos sakola teu acan?
            Ungkara di luhur disebutna .....  surat
            a. salam pamuka                       b. bubuka                                  c. eusi                          
d. panutup                                 é. salam panutup
9.         Eusi ungkara di luhur téh ngabéjakeun ka....
            a. balaréa yén kuring boga adi nu ngaran Wina
            b. Téh Limah yén Adé Wina ayeuna mah geus sakola kelas hiji SD.
            c. balaréa yén Adé Wina mah upami ka sakola sok kedah dijajap-jajap ku Mamah
            d. Téh Limah Adé Sinta teu acan sakola
            é. Téh Limah Adé Wina mah mun mios sareng uih sakola téh kedah dijajap-jajap waé
                 ku Mamah
10.                    Mang serat ti abdi dicekapkeun dugi ka dieu heula, teu hilap neda tawakupna
bilih aya cariosan nu kirang merenah, ogé salam baktos ka sadayana di Garut.
  Ungkara di luhur disebutna .....  surat
            a. salam pamuka                                               b. bubuka                                  c. eusi                           d. panutup                                                            é. salam panutup
11.        “Puguh ari kana kasalahan batur mah saeutik gé katingali, teu cara cacad dina diri
sorangan, uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina punduk teu .....”.
            a. kanyahoan                 b. katempo        c. karasa           d. karampa        é. katingali
12.        “Puguh ari kana kasalahan batur mah saeutik gé katingali, teu cara cacad dina diri sorangan, uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina punduk teu .....”. Uteuk hartina sarua jeung ...
            a. polo                          b. pikir              c. ingetan          d. kahayang      é. kanyaah
13.        “Abdi gé, Mamah, Bapa, Téh Ina, sareng Adé Kinta dina danget ieu mah aya dina
kaayaan séhat wal’afiat.” Danget lemesna tina ...
            a. basa  b. waktu                        c. harita            d. jaman                       é. kaayaan
14.        “Mudah-mudahan Téh Limah sakulawargi aya dina .... ti Alloh SWT.
            a. tangtayungan             b. ditangtayungan                      c. panangtayungan        
d. ditangtayungkeun                   é. panangtayung
15.        “Sanés abdi teu niat badé ngawartosan, mung manawi téh Enin moal ... teu damangna.”
            a. teras                         b. diteraskeun                c. kateterasan   
d. teraskeuneun             é. teras-terasan



















Rounded Rectangle: MODUL 7


                              



STANDAR KOMPETENSI         :
10.4  Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan dalam berbagai ragam tulisan yang berbentuk terjemahan, surat dan biografi

KOMPETENSI DASAR  :
10.4.3 Menulis biografi (riwayat hidup) singkat atau tokoh yang memperhatikan kerangka karangan, peristiwa penting dan kronologi kehidupan

 INDIKATOR                             :
·               Dapat memilih tokoh dengan kriteria yang tepat dengan rasa ingin tahu
·               Dapat merencanakan tulisan dalam kerangka karangan secara mandiri
·               Dapat menunjukkan pentingnya tokoh yang ditulis dengan kerja keras
·               Dapat memilih peristiwa-peristiwa penting dari kehidupan tokoh secara kreatif
·               Dapat menceritakan riwayat biografi yang ditulis teman dengan sikap toleransi
·               Dapat menceritakan keunggulan jasa/karya tokoh secara sikap jujur

Alokasi Waktu             :
4 x 40 Menit

Materi :
DĒWI SARTIKA
Déwi Sartika dilahirkeun di Bandung, kaping 4 Désember 1884, inohong sunda dina widang atikan jeung kabinangkitan kaom istri. Diaku salaku pahlawan nasional ku pamaréntah Républik Indonesia (RI) dina taun 1966.
Déwi Sartika dilahirkeun ti kulawarga ménak Sunda, ramana Radén Somanagara sedengkeun ibuna nya éta Nyi Radén Rajapérmas. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, malah sakolana ogé ka Walanda sagala. Sapupusna ramana, Déwi Sartika dirorok ku Uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicaléngka. Ti Uwana anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon beunang pangwuruk istri Asistén Résidén.
Ti leuleutik, Déwi Sartika geus némbongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeuna sok sasakolaan, ngajar baca nulis, malah ngajarkeun basa walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka borna, nya éta papan bilik kandang karéta, nulisna make areng.
Harita téh umur Déwi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicaléngka geunjleung alatan barudak badéga kapatihan barisaeun baca tulis jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu loba, malah susah pisan aya anak cacah boga kabisa sarupa kitu, komo beunang ngajar budak awéwé.
Nalika geus rumaja, Déwi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen – angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna pituin, anu memang boga kereteg anu sarua. Ngan, pamanna teu kitu baé bisa ngawujudkeun kahayang alona. Sabab. Adat jaman harita nganggap awéwé teu perlu sakola, cukup ku bisa migawé naon rupa nu bisa dilakukeun pikeun ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung kenyengna, tungtungna Dewi Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian kanggo ngadegkeun Sakola Istri.
Taun 1906, Dewi Sartika nikah ka Radén Agah Suriawinata, saurang nonoman anu sapikir sahaluan, sajiwa, sacita-cita, guru di Sakola Karang Pamulang, anu harita jadi Sakola Latihan Guru.
Tanggal 16 Januari 1904, Déwi Sartika muka sakola istri munggaran sa-Indonesia. Murid-murid angkatan munggaran aya 20 urang, migunakeun rohangan pandopo Kabupatén Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, tepi ka merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusannana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yén awéwé taya bédana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran modél kulon. Taun 1910, sakolana diropéa ngagunakeun harta banda pribadina tepi ka bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokojoan ku sababaraha istri Sunda nu boga angen-angen sarua jeung Déwi Sartika. Dina taun 1912 geus aya salapan sakola istri di kota-kota kabupatén (satengahna ti jumlah kabupatén sa-Pasundan).
Dina umur anu ka sapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupatén di Tatar Sunda anu acan kagungan Sakola Kautamaan Istri tinggal tilu atawa opat deui. Malah meuntas nepi ka Bukittinggi, sakola kautamaan istri diadegkeun ku Encik Rama Saléh.  Tatar Sunda kakara jangkep boga sakola kautamaan istri di unggal kabupatén dina taun 1920, katambah sababaraha anu ngadeg di kota kawadanaan.
Bulan Séptémber 1929, Déwi Sartika nyieun pangéling-ngéling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Radén Déwi”. Kana giatna ngamajukeun rahayat, utamana kaum istri Déwi Sartika dilélér bintang jasa ku Pamaréntah Hindia-Walanda
      Radén Déwi sartika pupus di Tasikmalaya, kaping 11 Séptémber 1947.     
Kamus Alit
Di handap mangrupa harti kecap-kecap nu dianggap susah tina téks wacana diluhur!

Ø   Inohong                             : tokoh
Ø   Widang                              : bidang
Ø   Kabinangkitan                    : keterampilan
Ø   Rama                                : bapa
Ø   Ngarempak                        : melanggar
Ø   Dirorok                              : diasuh
Ø   Jeneng                               : menjadi (biasanya jabatan)
Ø   Kulon                                 : barat
Ø   Pangatik                            : pengajar
Ø   Némbongkeun                    : memperlihatkan
Ø   Kakeyeng                          : keinginan yang kuat
Ø   Pipir                                  : halaman
Ø   Jongos                               : pembantu/ orang yang biasa disuruh-suruh
Ø   Bor                                    : papan tulis
Ø   Areng                                : arang
Ø   Badega                              : pembantu
Ø   Cacah                                : rakyat biasa atau rakyat kecil
Ø   Sawawa                             : dewasa
Ø   Pituin                                 : asli
Ø   Kereteg                             : keinginan atau cita-cita di dalam hati
Ø   Watek                               : sifat
Ø   Diropéa                             : diperbaiki
Ø   Mitembeyan                       : memulai
Ø   Dikokojoan                                    : dipimpin
Ø   Angen-angen                      : keinginan atau cita-cita di dalam hati
Ø   Ngadeg                              : berdiri
Ø   Pangéling-ngéling               : mengenang
Ø   Dilélér                               : diberi hadiah

Latihan
Jawab pertanyaan dihandap dumasar ték biografi di luhur!

1.       Saha Indung-Bapana Déwi Sartika téh?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
2.       Dimana Déwi Sartika dilahirkeunnana?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………

3.       Naha di jaman harita, upama awéwé rék sakola dianggap ngarempak aturan adat?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
4.       Ti saha Déwi Sartika meunang atikan kasundaan jeung ti saha meunang wawasan kabudayaan kulon?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
5.       Murid nu mimiti diajar ku Déwi Sartika téh budak saha waé?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
6.       Saha paman Déwi Sartika anu boga pamadegan sarua jeung Déwi Sartika?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
7.       Numutkeun pamanggih hidep, naha Déwi Sartika hayang ningkatkeun darajat kaom istri?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
8.       Iraha Déwi Sartika munggaran muka sakola istri?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
9.       Naha sakola istri dirobah jadi sakola kautamaan istri?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………
10.    Kamana waé sakola kautamaan istri diadegkeunnana?
…………………………………………………………………………………………………………………………………………………

Pedaran Riwayat hirup, Boigrafi, jeung Otobiografi
Riwayat Hirup

            Riwayat hirup nya éta tulisan ngeunaan biodata atawa idéntitas hiji jalma sacara spésifik/husus. Dina riwayat hirup tulisan ngeunaan idéntitas teu di tambah-tambah ku katerangan-katerangan anu leuwih nguatkeun idéntitas nu di tulis.

            Biasana riwayat hirup ditulis dina keretas salambar atawa dua lambar, sabab riwayat hirup teu merlukeun katerangan anu loba. Upama urang rék ngalamar pagawéan anu kudu dilampirkeun téh riwayat hirup lain biografi atawa otobiografi.
            Hal-hal anu di tulis dina riwayat hirup diantarana:
1.             Ngaran
2.             Tempat tanggal lahir
3.             Pagawéan
4.             Ngaran indung-bapa
5.             Alamat
6.             Jenis kelamin
7.             Agama
8.             Riwayat sakola
9.             Riwayat pagawéan
10.          Préstasi

Biografi
            Biografi asalna tina kecap bio anu hartina hirup jeung grafis anu hartina tulisan. Jadi sacara étimologi biografi nya éta tulisan riwayat hirup hiji jalma.
Sarua jeung riwayat hirup biografi ogé nuliskeun ngeunaan riwayat hirup hiji jalma.  Nulis biografi teu sarua, aya nu lengkep aya ogé anu henteu gumantung ka nu nulisna. Bédana biografi jeung riwayat hirup nya éta lamun riwayat hirup mah ditulis sacara husus euweuh katerangan anu nguatkeun idéntitas anu di tulis sedengkeun biografi mah riwayat hirup anu di tulis dieuyeuban ku katerangan-katerangan anu nguatkeun katerangan idéntitas anu di tulis.
            Jadi, biografi nya éta tulisan ngeunaan riwayat hirup hiji jalma anu di tulis ku jalma séjén dina wangun karangan narasi. Maksudna tulisan riwayat hirupna ditulis dina wangun prosa, anu idéntitas tokohna di tulis dilengkepan ku katerangan-katerangan anu nguatkeun idéntitasna.
            Anu ditulis dina biografi méh sarua jeung riwayat hirup, nya éta:
1.             Ngaran
2.             Tempat tanggal lahir
3.             pagawéan
4.             Ngaran indung-bapa
5.             Alamat
6.             Jenis kelamin
7.             Agama
8.             Riwayat sakola
9.             Riwayat pagawéan
10.          Prestasi

Tujuan nulis biografi nya éta :
1.             Méré nyaho sacara kongkrit riwayat hirup hiji jalma ka masarakat.
2.             Tujuan ékonomi, supaya biografi di bukukeun sarta engkéna dijual ka masarakat.

 Biasana jalma anu ditulis dina biografi nya éta jalma anu dianggap teu biasa upama dibandingkeun jeung jalma kalolobaan. Ka teu biasaanna bisa hal anu dianggap hadé atawa sabalikna hal anu dianggap goréng, nepi ka nimbulkeun kapanasaran jalma loba kana kahirupannana.
Biografi anu geus dibukukeun diantarana:
1.             Nabi Muhammad, SAW
2.             Soekarno
3.             Soeharto
4.             Jéndral Soedirman
5.             Déwi Sartika
6.             R.A. Kartini
7.             Adolp Hitler

Disatukangeun conto biografi di luhur aya kumpulan biografi masarakat Sunda anu judulna “Apa dan Siapa Orang Sunda”. Ieu buku nyaritakeun riwayat jalma-jalma sunda anu kasohor, diantarana seniman, sastrawan, budayawan, cendekiawan, nepi ka negarawan

Otobiografi
            Otobiografi dina basa Indonesia disebut Autobiografi. Ciri-ciri otobiografi sarua jeung biografi tapi bédana otobiografi tulisan riwayat hirupna ditulis ku sorangan. Jadi,
Otobiografi nya éta tulisan riwayat hirup hiji jalma anu di tulis ku pribadina sorangan dina wangun karangan narasi.
»»  READMORE... Selengkapnya...