Senin, 06 September 2010

SOAL – SOAL DAN PEMBAHASANNYA


BAHASA SUNDA SEMESTER GANJIL TP. 2010 – 2011

1.Naon waé anu kudu diperhatikeun nalika ngabandungan biantara téh?
Eusina :
(1) Eusi poko
(2) Basa

2. Eusi poko dina biantara téh dibagi jadi sababaraha bagéan. Cik sebutkeun ku hidep!
Eusina :
(1) Bubuka
(2) Eusi poko anu jadi jejer biantara
(3) Panutup

3. Bubuka biantara anu hadé atawa kurang hadé bakal ngalantarankeun kumaha ka audien anu ngabandungan? Cik jelaskeun ku hidep!
Eusina :
a. Bubuka biantara anu hadé bakal ngalantarankeun audien anu ngabandungan biantara jadi leuwih konséntrasi pikeun ngabandunganana.
b. Bubuka biantara anu kurang hadé bakal ngalantarankeun audien peuyar moal sumanget pikeun ngabandungan biantara.

4. Bagéan biantara naon anu nepikeun kacindekan?
Eusina :
Panutup biantara

5. Naon anu ditepikeun dina bagéan eusi poko biantara téh?
Eusina :
Eusi poko biantara nepikeun tujuan biantara sangkan bisa kahontal.

6. Naon harti paribasa di handap :
a. Lauk buruk milu mijah
b. Adat ka kurung ku iga
c. Jati kasilih ku junti
d. Hadé ku omong goréng ku omong
Eusina :
a. Pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupa urusan
b. Laku lampah kurang hadé anu hésé dileungtkeunana
c. Kahirupan pribumi kaéléhkeun ku semah (pendatang)
d. Sagala rupa perkara bisa disebut hadéatawa goréng lantaran omonganana

7. Pilih kecap anu pangbenerna.
a. Alhamdulillah pangbagéa ti masarakat ........ ( ngétang, kaétang ) ageung.
b. Sim kuring badé ........ ( didugikeun, ngadugikeun ) laporan panitia pasanggiri biantara tingkat nasional Kota Dépok.
c. Ari ........ ( rupi, rupina ) abdi kawas saha ?
d. Deuh mani sombong, pendak gé tara ........... (naros, taros)
Eusina :
a. Kaétang
b. ngadugikeun
c. rupi
d. naros

8. Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna réngréngan panitia.
Upama nilikan kalimat di luhur, cik sebutkeun kecap anu ngandung vocal é.

Eusina :
Kecap téh, réngréngan.

9. Naon bédana kagitan ngabandungan (ngaregepkeun) jeung kagiatan maca?
Eusina :
a. Kagiatan ngabandungan (ngaregepkeun) maké média basa lisan, béja (wawaran) atawa informasi anu ditepikeun lamun can ngarti moal bisa dititah sina balikan deui.
b. Kagiatan maca maké média basa tulisan, beja (wawaran) atawa informasi anu ditepikeun lamun can ngarti urang bisa maca sababaraha balikan.

10. Sebutkeun conto tina kagiatan ngabandungan (ngaregepkeun) jeung conto tina kagiatan maca?
Eusina :
a. Kagiatan ngabandungan (ngaregepkeun) contona siaran berita radio/televisi, biantara.
b. Kagiatan maca contona maca berita dina koran atawa majalah, buku pangajaran.

11. Nurutkeun harti kecapna, naon ari tatakrama basa téh?
Eusina :
Tatakrama basa téh nyaéta aturan sopan santun ngagunakeun basa.

12. Dina tatakrama basa Sunda aya sababaraha bagéan. Sebutkeun?
Eusina :
(1) Basa Hormat
a. Basa Hormat keur ka sorangan
b. Basa Hormat keur ka batur
(2) Basa Loma
(3) Basa Kasar

13. Naon pamanggih hidep ngeunaan basa loma.
Eusina :
Basa loma nyaéta ragam basa anu dipaké ka sasama atawa ka babaturan anu geus loma, dina suasana anu loma ogé.

14. Lamun urang keur ambek sok maké basa kasar. Naon ari ngaran séjén tina basa kasar téh?
Eusina :
Basa Cohag

15. Lengkepan ku hidep ku kecap-kecap anu bener.

Basa Loma Basa Hormat Keur Ka Sorangan Basa Hormat Keur Ka Batur
a. a. .............. Artos .....................
b. b. ............... ................... Pameget
c. c. Dahar ................... .....................
d. d. .................. Dongkap ....................
e. e. Saré ................... ...................

Eusina :
a. Duit – artos
b. Lalaki – lalaki
c. Neda – tuang
d. Datang sumping
e. Mondok – kulem

16. Pilih kecap nu pangbenerna.
a. Abong hayam, gawéna ngan ................. (kakoréh, kokoréh) waé.
b. Bulak balik ari ................... (gurang – goréng, goréng – goréng) ulah diantep waé, bisi tutung.
c. Kawas nu keur nyiram waé ................ (paisuk – isuk, isuk –isuk) geus ngadaharan nu haseum – haseum.
d. Ari céngék mah ................... (dileuleutik, leutik – leutik) ogé lada.
Eusina :
a. kokoréh
b. gurang – goréng
c. isuk – isuk
d. leutik – leutik

17. Basa Sunda aya pangaruhan ti basa séjénna, diantarana pangaruh ti basa Indonésia. Lengkepan kecap – kecap anu bener.
Basa Sunda Basa Indonésia
a. a. Lada .....................
b. b. ....................... Bangga
c. c. Pangabutuh ....................
d. d. Lega ...................
e. e. ............................. Melestarikan

Eusina :
a. Pedas
b. reueus / hésé
c. kebutuhan
d. luas
e. ngamumulé / miara

18. Aya sababaraha anu kudu anu kudu diperhatikeun sangkan pangalaman anu dicaritakeun ku urang téh dipikeresep. Cing tétéla ku hidep.
Eusina :
(1) Milih jejer
(2) Nyusun paraléléan kajadian
(3) Nepikeun pangalaman

19. Ngeunaan kaayaan kajadian, dina nyaritakeun pangalaman anu dicaritakeun pangalaman kumaha waé?
Eusina :
(1) pikasediheun
(2) pikasieuneun
(3) pikakeuheuleun
(4) pikareuwaseun
(5) pikabungaheun
(6) pikaresepeun
(7) pikaéraeun
(8) pikasebeleun, jeung sajabana.

20. Naon tujuan urang nyaritakeun pangalaman ka batur.
Eusina :
(1) pikeun bahan pieunteungeun atawa pangajaran
(2) pikeun hiburan
(3) pikeun bahan obrolan

21. Kumaha basa anu dipaké dina nyaritakeun pangalaman téh?
Eusina :
kudu jétré tur pikahartieun


22. “ ................ lamun datang ku kuring rék dilaporkeun ka pulisi, ngarah manéhna nyirekeum di kamar tahanan, .................”
Ungkara carita diluhur nyaritakeun pangalaman anu kumaha?
Eusina :
pikakeuheuleun

23. Ti saprak kuring nyirekem di kantor pulisi, nepi dijagragkeunana ka pangadilan Cibinong, salaki mah teu kungsi ngbesukan.
Kecap pangantét anu aya dina kalimah di luhur nyaéta?
Eusina :
ti, di, nepi ka.

24. Benerkeun éjahanana jeung eusian ku kecap panyambung nu bener.
a. Ayeuna mah teu dikampung teu dikota, barudak satepak ogé geus prah di caralana panjang téh.
b. Imah anu disisi jalan mah geus di kontrak kumahasiswa anu tiluar kota.
c. ............ jauh gé , ............. da ayeuna mah loba angkot anu ngaliwatan ......... sakola kuring.
d. ........... loba maca buku .......... loba élmu pangaweruh anu kacangking ku hidep.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar