Minggu, 15 Agustus 2010

Sundagasik : Biantara Bubuka dina Acara Lawung Budaya

Biantara Bubuka dina Acara Lawung Budaya

Bismillahirrohmanirrohim,
Puji rawuh sukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi Robbi, anu parantos maparinpareng ka urang sadaya dugi ka tiasa tepung lawung dina danget ieu. Kantenan sim kuring seja ngahaturkeun pinten-pinten nuhun, utamina ka Bapa Bupati Bogor, ka parapajabat pamaréntah anu ngahaja ngersakeun sarumping, ka sadérk-sadérék anu ngahaja sumping ti tebihna, ti Jakarta, ti Sukabumi, ti Cianjur, sareng ti Bandung.

Kantenan ka pribumi urang Bogor mah sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun, wirvh kersa ngaluuhan ieu riungan Lawung Budaya.
Katumampian nu teu kinten ageungna teu hilap ku sim kuring dihaturkeun ka pun lanceuk, Ceu Tien Rostini Asikin, anu taya reureuhna kencar-kencir ngiring kaririweuhan, ti nalika tatahar tug dumugi ka kawujudkeunana ieu riungan.
Parasadérék anu ku sim kuring dipihormat,
Ku pangjurung ti mitra-mitra anu sering riungan, sim kuring kapentés gawé, kedah sumanggem pikeun ngedalkeun naon anu janten purwa lantaran, sareng naon anu janten maksad katut tujuan urang ayeuna ngayakeun acara Lawung Budaya. Sim kuring nu katempuhan, tamahna rumaos sim kuring pisan awitna ngabijilan hoyong ngayakeun Lawung Budaya di uanggal kabupatén nu aya di Tatar Sunda téh. Tumali sareng éta, neda widi sim kuring seja muka tungkus pamaksudan, ngedalkeun anu lawas kapiangen.
Parasadérék,
Sakumaha anu tos kauninga ku sadayana, ray dinten, ray dinten téh masarakat urang teu aya kendatna ditaragal ku kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda téh. Sakapeung mah urang téh sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti. Tapi ah, palias teuing.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida pikasalempangeunana, teu aya sanés, urang anu sadaya sugri ka Sunda kedah guyub akur, sapamadegang ngahiji, pikeun ngaujudkeun katahanan budaya Sunda. Pikeun ngahontal hal ieu, urang peryogi nyusun léngkah-léngkah sareng stratégi, anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria.
Ku émutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna téh teu tiasa diantep, urang teu tiasa api lain meungpeun carang, jalaran hal ieu téh janten masalah ungkulaneun sugri urang Sunda. Atuh kantenan kedah aya riungan anu medar sareng nembrakkeun masalah, enggoning mikawanoh masalah naon anu saleresna dipayunan ku urang sadaya, hususna masalah anu aya rambat kamaléna sareng seni, budaya, katut basa Sunda. Upami urang sadaya parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nembé urang barembug deui, kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban pikeun milarian tarékah masalah téa, teu aya deui iwal ti tilu pihak, nya éta paraseniman sareng organisasina, pamaréntah, sareng masarakat. Ku émutan, ieu riunagn ogé parantos pepek sadaya wakilna.
Salajengna, naon anu jadi udagan sim kuring saparantos pamaksadan tadi diuningakeun, teu aya sanés, nya éta ayana pandangan sareng sikep anyar kana budaya Sunda, bari sakantenan nangtoskeun léngkah naon baé nu kedah dipilampah ka payunna. Kitu udagan sim kuring téh.
Para sadérék sadaya,
Numutkeun panitén sim kuring, sabagian ageung masarakat urang, kitu deui paragegedén nagara, masih kénéh kagungan anggapan yén seni budaya téh ngan pikeun hiburan, ngan mangrupi produk pikeun ngalelejar manah. Tebih tangéh kana tiasa ngajénan yén seni budaya téh hiji ciri idéntitas bangsa, ajén diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa.
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos disebat nembé téh ngagambarkeun yén wawasan seni budaya "maranéhna" masih kénéh cupet tur heureut. Hal ieu teu tiasa diantep, urang kedah satékah polah nyingraykeun lalangsé paneuteup anu cupet téa.
Kanggo conto kumaha hasilna seni budaya anu tadina ukur jadi miliki hiji bangsa, nanging ahirna janten banda seni budaya dunya, contona karya seni Léonardo da Vinci, Van Goh, Rembrant, Picasso, Mozart, Beethoven, sareng seueur-seueur deui.
Sapanjang seni budaya mung ukur dianggap barang kanggo hiburan, seni budaya Sunda moal pinanggih sareng komara ajénna. Ku kituna pandangan sareng anggapan anu teu merenah téh kedah ditarékahan sina robih.
Upami dititénan kaayaan seni budaya Sunda ayeuna, aya anu nimbulkeun kareueus, matak ageung manah. Nanging aya deui anu matak pikasalempangeun, boa-boa baris muguran nu antukna mung kantun ngaran. Seni budaya nu matak janten bingah téh tiasa tumuwuh ku karancagéan senimanna, upamina waé jaipong, anu parantos ngalanglang dunya, seni karawitan anu dijejeran ku sadérék Nano, wayang golék anu ditaratas ku sadérék Asép Sunandar, gotong singa, rampak kendang, sareng sajabina. Dupi anu pikamelangeun, tétéla langkung seueur deui, nya éta kasenian tradisional anu kiwari katélér-télér, kirang dipiroséa.
Parasadérék anu dpihormat,
Paraseniman, budayawan, sareng masarakat urang ayeuna saleresna nuju aya di tengah-tengah adu hareupanana sababaraha kakiatan, upamina waé
TRADISI X MODÉREN
PROFÉSIONALISME X AMATIRAN
HUKUM ALAM: NU KUAT NGAGILES NU HÉNGKÉR
sareng sajabina.
Mayunan kaayaan sapertos kieu, urang teu tiasa cileureun, cicingeun. Hal ieu anu janten masalah urang kiwari téh.
Sateuacan sim kuring mungkas pisanggem, aya anu hoyong didugikeun heula ka sdayana, ieu riungan Lawung Budaya téh sanés kanggo madungdengkeun béntenna pamendak, sanés kanggo ngadu arguméntasi, nanging kanggo nembrakkeun rupi-rupi masalah nu aya rambat kamaléna sareng seni budaya katut basa Sunda. Anu dipiharep ti parasadérék teu aya sanés kersa sasarengan ngawincik nu janten masalah urang téa, lajeng kumaha cara ngungkulanana, sareng urang nyobi-nyobi bari prak ngagarapna.
Urang wujudkeun silihasih, silihasuh, sareng silihasah, tegesna: silihasih ku rasa mimitran anu wening, silihasuh ngajénan sasama numutkeun profésina, silihasah padanambihan katerang.
Mung sakitu anu dipisanggem.
Wabillahitaufik wal hidayah,
Wassalamu 'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Catetan: Ieu biantara didugikeun ku Acil Bimbo,
dina riuangan Lawung Budaya Bogor, 11 Oktober 1987.
Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.
Bandung: CV Geger Sunten.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar